Wawangsalan
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 21.05
|
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi.
Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
(Maksudna: oray)
Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih)
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Wawangsalan
Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
(Maksudna: oray)
Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih)
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Wawangsalan
Rarakitan
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 20.58
|
Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi. Contona:
Mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.
Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.
Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:
Sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.
Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:
Sing getol nginum jamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:
Rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Rarakitan
Mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.
Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan sésébréd.
Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi; contona:
Sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.
Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat; contona:
Sing getol nginum jamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol, lulucon, atawa cawad (kritik); contona:
Rarasaan ngala mayang,
teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Rarakitan
Paparikan
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 20.51
|
Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.
Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.
Paparikan Silih Asih
Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:
Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
hiji deui :
lain Bangban lain Pacin,
lain kananga kuduna.
lain babad lain tanding,
lain kadinya kuduna.
Paparikan Piwuruk
Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:
Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.
Paparikan Sésébréd
Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:
Daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
hayangeun dibéré duit.
Sapanjang jalan Cirebon,
jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon,
baju butut tatambalan.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Paparikan
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.
Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.
Paparikan Silih Asih
Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:
Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
hiji deui :
lain Bangban lain Pacin,
lain kananga kuduna.
lain babad lain tanding,
lain kadinya kuduna.
Paparikan Piwuruk
Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:
Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.
Paparikan Sésébréd
Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:
Daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
hayangeun dibéré duit.
Sapanjang jalan Cirebon,
jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon,
baju butut tatambalan.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Paparikan
Sisindiran
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 20.43
|
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta:
Aya roda dina tanjakan,
katinggang ku pangpung jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
aya listrik di masigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
cangkengna kamana-mana
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Sisindiran
- Rarakitan
- Paparikan, jeung
- Wawangsalan.
- silihasih;
- piwuruk; jeung
- sésébréd.
Aya roda dina tanjakan,
katinggang ku pangpung jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
aya listrik di masigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
cangkengna kamana-mana
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Sisindiran
Rupa-Rupa Kakawihan
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 20.27
|
Ambil-ambilan
Ambil ambilan turugtug hayam samantu euweuh nu diambil kabeh ge budak pahatu Pahatu ge bae' purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo purah calik dina lampit purah tunggu pipir leuit nyerieun sukuna kacugak ku kaliage aya ubarna urat guling sampurnage tigunting nyocolan dage geura dahar sangu bodas beasna meunang ngahidas lauk cai meunang mais angeun taleus pencok hiris
Jaleuleuja
Jaleuleuja
Atulak tu ja éman
gog
Seureuh leuweung
bay
Jambé kolot
bug
Ucing katinggang songsong
ngék
Dongdang mayang
Pamikul adeg-adeg Bujang lanjang ti kidul sing araced
Truk truk brung
Néngnang néng prak
Endeuk-eundeukan lagoni
Santri maan dodol Doléwak nincak waduk Duka waduk saha Haneut kénéh pisan (balik deui kana santri maan dodol ………… Kitu jeung kitu waé bulak balik)
Bubulaoan Si semar maling gunting Guntingna kabulaoan Ta eem te eem Sidakep bari balem
Ojok – ojok
Ojok – ojok uang aung
Ngarorojok nu disaung
Ojok-ojok undar andur
Ngarojok nu keur tandur
Ojok-ojok umbet-ambét
Ngarojok nu ngarambét
Ojok-ojok uat-aut
Ngarojok nu dibuat
Ojok – ojok ata utu
Ngarorojok nu keur nutu
Ojok-ojok unggang anggéng
Ngarojok nu keur nonggéng
Ojok-ojok ucad aced
Ngorojok nu aced-acedan
Oray-orayan 1
Oray-orayan
Oray naon
Oray bungka
Bungka naon
Bungkalaut
Laut naon
Laut dipa
Dipa naon
Dipandeuri
Oray-orayan 2
+ Oray-orayan luar léor mapay sawah
- Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah
+ Mending ka leuwi di leuwi loba nu mandi
- Saha anu mandi – anu mandina pandeuri
Prang pring
Prang pring, prang pring
salumprang salampring
Sabulu bulu gading
si gading ka Sunda perang
pur kuntul engkang-engkang
munding ngabongkar kandang
salewek sadugel cindel
heug, heug caringin runtuh
heug, heug caringin runtuh
dorokdok gubrag
+pung puyuh/
angèl angèl pèrah jambè/
torolong hayam kakolong
suku si jaèni
nilep sabeulah.............(upami teu lepat mah kitu)
Cang ucang anggé
Cang ucang anggé
Mulung muncang ka paranjé
Digogog ku anjing gedé
Anjing gedé nu Pa Lebé
Ari gog gog cungunguuuung
Héhéotan
Héh héh héhéotan
Bulu kélék jambréosan
Nini-nini dagang ketan
Teu payu dicarékan
Trang-trang koléntrang
Trang-trang koléntrang
silondong paéh nundutan
tikusruk kana durukan
mesat gobang kabuyutan
Trang-trang koléntrang
sianggar nyingkah sing anggah
jeung gancang muntahkeun bulan
caang bulan didurukan
Trang-trang koléntrang
si nini urang tulungan
imahna teh kapoékan
bulan tempur nabrak siang
Bang kalima lima gobang
Bang kalima lima gobang (bang)
Bangkong di tengah sawah (wah)
Wahéy tukang bajigur (gur)
Guru sakola désa (sa)
Saban poé ngajar (jar)
Jarum paranti ngaput (put)
Putri nu gareulis (lis)
Lisung kadua halu (lu)
Luhur kapal udara (ra)
Ragrag di Jakarta (ta)
Taun tujuh hiji (ji)
Haji rék ka Mekkah (kah)
Kahar tujuh rébu (bu)
Buah meunang ngala (la)
Lauk meunang nyobék (bék)
Béker meunang muter (ter)
Terus ka Cikampék (pék)
Pékna dagang kalam (lam)
Lampu eujeung damar (mar)
Mari kuéh hoho (ho)
Hotél panglédangan (ngan)
Ngantos Kangjeng Dalem (lem)
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Ayang-ayang Gung
Ayang-ayang gung
Gung goongna ramé
Ménak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha manéh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung Kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Kakawihan
Ambil ambilan turugtug hayam samantu euweuh nu diambil kabeh ge budak pahatu Pahatu ge bae' purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo purah calik dina lampit purah tunggu pipir leuit nyerieun sukuna kacugak ku kaliage aya ubarna urat guling sampurnage tigunting nyocolan dage geura dahar sangu bodas beasna meunang ngahidas lauk cai meunang mais angeun taleus pencok hiris
Jaleuleuja
Jaleuleuja
Atulak tu ja éman
gog
Seureuh leuweung
bay
Jambé kolot
bug
Ucing katinggang songsong
ngék
Dongdang mayang
Pamikul adeg-adeg Bujang lanjang ti kidul sing araced
Truk truk brung
- Truk truk brung Truk tru brak Buntut lutung panjang rubak Dikenyang-kenyang barudak Barudak salawé widak Nyèd eng – nyed eng Nyed nyed eng Nyed- nyed eng
- Ningningnang-ningnang Dot em dot blem Dalem sumping dor bajidor Tutunjuk kembang malati Laole ole obong …………………………………………. (culatok)
Néngnang néng prak
- Néngnang néng prak Térélék embé janggotan Pa kuwu kariaan Laukna lauk bilatung Kéjona kéjo gandrung Trangtrung bedog buntung Trungtrang bedog rompang Hét hét embé janggotan Kélék monyét héhéotan Badubanglpak dug blem
- Pacublek-cublek uang Uangnya manggulenténg Butata – butiti Padati wara – wiri Tangsi nona Tangsi tuan Ka teluk bungbung Pok érah Pok érah Si Sidin mau kawin Potong kerbau péndék Potong kerbau tinggi Tingginya jemblang – jemblung Ta eem Ta eem Ta em – ta em – ta em
- Sakentrung – sakentrung Paré hawara di huma Ditutuna lisung kai (pondok ?) Trung dung trung dung éng Trung dung trung dung éng
Endeuk-eundeukan lagoni
- + Endeuk-eundeukan lagoni - Meunang peucang sahiji + Leupas deui ku nini - Beunang deui ku aki + Leupas deui ku ninina nini nini - Beunang deui ku akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina nini nini - Beunang deui ku akina akina akina akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina ninina ninina ninina nini nini………… - Beunang deui ku akina akina akina akina akina akina akina akina aki-aki
- Pérépét jéngkol jajahéan awewe ngompol jejeretean.
Santri maan dodol Doléwak nincak waduk Duka waduk saha Haneut kénéh pisan (balik deui kana santri maan dodol ………… Kitu jeung kitu waé bulak balik)
Bubulaoan Si semar maling gunting Guntingna kabulaoan Ta eem te eem Sidakep bari balem
Ojok – ojok
Ojok – ojok uang aung
Ngarorojok nu disaung
Ojok-ojok undar andur
Ngarojok nu keur tandur
Ojok-ojok umbet-ambét
Ngarojok nu ngarambét
Ojok-ojok uat-aut
Ngarojok nu dibuat
Ojok – ojok ata utu
Ngarorojok nu keur nutu
Ojok-ojok unggang anggéng
Ngarojok nu keur nonggéng
Ojok-ojok ucad aced
Ngorojok nu aced-acedan
Oray-orayan 1
Oray-orayan
Oray naon
Oray bungka
Bungka naon
Bungkalaut
Laut naon
Laut dipa
Dipa naon
Dipandeuri
Oray-orayan 2
+ Oray-orayan luar léor mapay sawah
- Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah
+ Mending ka leuwi di leuwi loba nu mandi
- Saha anu mandi – anu mandina pandeuri
Prang pring
Prang pring, prang pring
salumprang salampring
Sabulu bulu gading
si gading ka Sunda perang
pur kuntul engkang-engkang
munding ngabongkar kandang
salewek sadugel cindel
heug, heug caringin runtuh
heug, heug caringin runtuh
dorokdok gubrag
+pung puyuh/
angèl angèl pèrah jambè/
torolong hayam kakolong
suku si jaèni
nilep sabeulah.............(upami teu lepat mah kitu)
Cang ucang anggé
Cang ucang anggé
Mulung muncang ka paranjé
Digogog ku anjing gedé
Anjing gedé nu Pa Lebé
Ari gog gog cungunguuuung
Héhéotan
Héh héh héhéotan
Bulu kélék jambréosan
Nini-nini dagang ketan
Teu payu dicarékan
Trang-trang koléntrang
Trang-trang koléntrang
silondong paéh nundutan
tikusruk kana durukan
mesat gobang kabuyutan
Trang-trang koléntrang
sianggar nyingkah sing anggah
jeung gancang muntahkeun bulan
caang bulan didurukan
Trang-trang koléntrang
si nini urang tulungan
imahna teh kapoékan
bulan tempur nabrak siang
Bang kalima lima gobang
Bang kalima lima gobang (bang)
Bangkong di tengah sawah (wah)
Wahéy tukang bajigur (gur)
Guru sakola désa (sa)
Saban poé ngajar (jar)
Jarum paranti ngaput (put)
Putri nu gareulis (lis)
Lisung kadua halu (lu)
Luhur kapal udara (ra)
Ragrag di Jakarta (ta)
Taun tujuh hiji (ji)
Haji rék ka Mekkah (kah)
Kahar tujuh rébu (bu)
Buah meunang ngala (la)
Lauk meunang nyobék (bék)
Béker meunang muter (ter)
Terus ka Cikampék (pék)
Pékna dagang kalam (lam)
Lampu eujeung damar (mar)
Mari kuéh hoho (ho)
Hotél panglédangan (ngan)
Ngantos Kangjeng Dalem (lem)
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Ayang-ayang Gung
Ayang-ayang gung
Gung goongna ramé
Ménak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha manéh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung Kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Kakawihan
Kakawihan
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 20.09
|
Kaulinan Urang Lembur Atawa Kakawihan Barudak (Kenging Ganjar Kurnia)
Ngahaja dijudulan maké « atawa », sabab asa acan aya kasapogodosan ngeunaan istilah. Lamun disebut kaulinan, kapan loba ogé kaulinan anu séjén saperti panggal, sérmen, galah, ucing sumput, jsb, ; pon kitu deui lamun dijudulan kakawihan wungkul, loba ogé kakawihan anu séjénna. Tapi palebah kakawihan anu ieu mah rada khas, sabab lamun ditilik-diantarana aya hubungan antara kaulinan jeung kakawihan. Kukituna, judul ana rada pas mah sigana kaulinan budak lembur anu dikawihan (sok sanajan kanyataanana teu kabéh kakawihan aya kauliananana). Tapi pikeun arguméntasi mah, kakawihan ogé bisa dianggap kaulinan. Istilah kaulinan urang lembur ogé sigana mah anyar (pertengahan taun genep puluhan), sabada ieu « kaulinan » dibawa ka panggung (dijadikeun tongtonan)
Interpretasi
Neuleuman eusi rumpaka, aya sababaraha hala nu narik pikeun bisa diinterpretasi :
Analisa di luhur éstuning dipapantes. Dina sababaraha hal ngan saukur interpretasi, leres jeung henteu na mah kedah digali ku ahlina. Tapi kalah kumaha ogé ieu téh kabeungharan urang sunda.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Kakawihan
Ngahaja dijudulan maké « atawa », sabab asa acan aya kasapogodosan ngeunaan istilah. Lamun disebut kaulinan, kapan loba ogé kaulinan anu séjén saperti panggal, sérmen, galah, ucing sumput, jsb, ; pon kitu deui lamun dijudulan kakawihan wungkul, loba ogé kakawihan anu séjénna. Tapi palebah kakawihan anu ieu mah rada khas, sabab lamun ditilik-diantarana aya hubungan antara kaulinan jeung kakawihan. Kukituna, judul ana rada pas mah sigana kaulinan budak lembur anu dikawihan (sok sanajan kanyataanana teu kabéh kakawihan aya kauliananana). Tapi pikeun arguméntasi mah, kakawihan ogé bisa dianggap kaulinan. Istilah kaulinan urang lembur ogé sigana mah anyar (pertengahan taun genep puluhan), sabada ieu « kaulinan » dibawa ka panggung (dijadikeun tongtonan)
Interpretasi
Neuleuman eusi rumpaka, aya sababaraha hala nu narik pikeun bisa diinterpretasi :
- Kakawihan mangrupa alat anu digunakeun ku masyarakat, sangkan naon anu aya dina gerentes haténa teu kaharti ku batur anu aya di luar komunitasna (bahasa sandi). Contona, lagu ambil-ambilan bisa jadi aya patula-patalina jeung kondisi urang sunda harita anu rék dijadikeun kuli (meureun dijjieunna dina jaman penjajahan) ; nu matak basa aya anu rék diambil, dijieun manrupa-rpa alesan.
Jaleuleu ja. Lagu ieu téh cenah dijieun dina mangsa tatar Sunda diserang ku Mataram. Lagu « jaleuleu ja » aya anu nyurahan siga kieu :
Jaleuleu ja ( aya Jawa)
Atulak tu ja éman - gog (Nitah ka jang Eman lamun aya Jawa kudu nyadiakeun tulak (keur panakol) sarta nagog – pasang kuda-kuda, hartina kudu siap-siap)
Seureuh leuweung - bay (seureuh leuweung téh biasa ogé disebut gebay, bentukna siga taméng – kukituna lamun aya Jawa, salian ti kudu siap téh – nagog – téa, ogé nyiapkeun taméng)
Jambé kolot - bug (jambé kolot téh di Sunda mah disebut jebug – jadi lamun musuh datang – kudu digebug)
Ucing katinggang songsong - Ngék (ngagebugna nepi ka siga ucing katinggang songsong – ngék ……………….)
Ayang-ayang gung. Lagu ieu nyaritakeun masyarakat di hiji wilayah anu sahéng (Ayang-ayang gung Gung goongna ramé) nyaritakeun kalakuan pamingpinna nyaéta ménak Wastanu nu jadi wadana. Pangna diaromongkeun téh kusabab kalakuanana olo-olo (naha manéh kitu – tukang olo-olo), giruk -- ruket (ngabalad jeung kumpeni). Tujuanana mah taya lian sangkan bisa naék pangkat – sanajan bari jeung (kalakuan kitu téh) goréng. Ninggali wadana anu kitu petana, saenyana rahayat ngaharepkeun dalem – tapi dalem ogé sarua misleukna (lNgantos kang jeung dalem, Lempa lempi lempong, Ngadu pipi jeung nu ompong) Ngeunaan jalan ka batawi ngemplong bisa dihartikeun yén pamingpin jaman baheula ogé leuwih oriéntasi ka luhur alias ka batawi.
Ningningnang – ningnang dot em dot blem. Ieu gé nyaritakeun kalakuan dalem anu misleuk, ari dongkap ka hiji wilayah sok dipapag ku bajidoran, tidinya teras tutunjuk « kembang malati ». Kalakuan saperti kitu ku masyarakat disarebutna « adu gandék raja belang «
Néng nang néng prak. Lagu ieu mah ngagambarkeun kuwu pedit kariaan (sigana juragan kuwu téh janggotan kawas embé). Susuguhna ogé kapan lauk bilatung, kéjona – kéjo gandrung.
Truk-truk brung. Lamun kalakuan kuwu, wadana, dalem saperti anu disebutkeun di luhur, tong anéh lamun rahayatna malarat. Bayangkeun waé, sarubak-rubakna/sapanjang-panjangna buntut lutung, tuluy dikenyang-kenyang barudak, mangkaning salawé widak. Ceuk bahasa ayeuna mah kaayaan kitu téh ngagambarkeun silih bagi kamiskinan (shared poverty).
Ehon bérod. Lagu ieu siganana nyaritakeun mata-mata anu nyamur jadi tukang oncom. Disebut mata-mata téh sabab sok « comél ka nu gélo » (bisa jadi pamaréntahan walanda atawa jepang, kukituna lamun aya tukang oncom ngaliwat, rahayat kudu ati-ati ngomong (trung-trung-trung kohkol alarm).
Pacublek cublek uang, ngajakan rahayat pikeun motong « kerbau péndék » (Jepang) jeung motong « kerbau tinggi »(walanda) ; sedengkeun anu tinggina jemblang-jemblung mah taya lian tentara Gurkha. - Ngagambarkeun kaayaan. Lamun analisa di luhur bener, kakawihan téh bisa jadi dijieunna patula-patali jeung hiji kajadian (aya faktor waktu). Contona, jaleuleu dikira-kira jaman Dipati Ukur, Ehon berod dijieun dina jaman penjajahan, nya kitu ogé ayang-ayang gung. Tina lalaguan ogé, urang bisa ninggali kalakuan bangsa Cina dina jaman penjajahan. Kapan waktu si Roji meuli paku, ku babah teu dibéré, malahan pokna téh mata sia. Palebah dieu urang ogé bisa ngakurkeun jeung sajarah, utamana posisi Cina dina Jepang anu sigana mah meunang posisi khusus (dai nippon nu kawasa).
- Ngaramalkeun ka hareup. Waktu Sukarno tibeubeut tina kalunguhanana, anu kababawa téh lain ngan ukur manéhna, tapi ogé anték-antékna. Ninggali kaayaan kieu aya nu nyarita, cenah « oray bungka » – baca Bung Karno téh jadi kanyataan, kabeh anu nutur-nutur (dipandeuri) Bung Karno kalaut.
- Ulin kecap. Dina lagu éhon bérod, bangbang kalima – lima gobang, santri maan dodol katinggali padalisan anu tungtung dijadikeun padalisan anyar.
- Kaulinan dina hiji kaayaan, contona dina ojok-ojok uang – aung, ojok ata iti.
- Heureuy biasa, saperti dina pérépét jengkol , cingcangkeling, disurung ungkug-ungkugan (bulu irung digelungan, bulu kéléh dilélépét)
Analisa di luhur éstuning dipapantes. Dina sababaraha hal ngan saukur interpretasi, leres jeung henteu na mah kedah digali ku ahlina. Tapi kalah kumaha ogé ieu téh kabeungharan urang sunda.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Kakawihan
Pupuh
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 19.53
|
Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.
Rupa - Rupa Pupuh :
Pupuh aya 17 ( tujuh welas ) rupa:
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Pupuh
Rupa - Rupa Pupuh :
Pupuh aya 17 ( tujuh welas ) rupa:
- Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
- Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
- Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
- Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
- Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
- Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
- Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
- Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
- Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
- Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
- Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
- Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
- Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
- Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
- Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
- Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
- Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Pupuh
Recent Comments