Rupa-Rupa Kakawihan

Ambil-ambilan
Ambil ambilan turugtug hayam samantu euweuh nu diambil kabeh ge budak pahatu Pahatu ge bae' purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo purah calik dina lampit purah tunggu pipir leuit nyerieun sukuna kacugak ku kaliage aya ubarna urat guling sampurnage tigunting nyocolan dage geura dahar sangu bodas beasna meunang ngahidas lauk cai meunang mais angeun taleus pencok hiris

Jaleuleuja
    Jaleuleuja
    Atulak tu ja éman
    gog
    Seureuh leuweung
    bay
    Jambé kolot
    bug
    Ucing katinggang songsong
    ngék 


Dongdang mayang
Pamikul adeg-adeg Bujang lanjang ti kidul sing araced
Truk truk brung
  • Truk truk brung Truk tru brak Buntut lutung panjang rubak Dikenyang-kenyang barudak Barudak salawé widak Nyèd eng – nyed eng Nyed nyed eng Nyed- nyed eng
 Ningningnang-ningnang
  • Ningningnang-ningnang Dot em dot blem Dalem sumping dor bajidor Tutunjuk kembang malati Laole ole obong …………………………………………. (culatok)
Adu riri silih pinyong ( ?) Inyong-inyong mas muria Adu gandék raja belang

Néngnang néng prak
  • Néngnang néng prak Térélék embé janggotan Pa kuwu kariaan Laukna lauk bilatung Kéjona kéjo gandrung Trangtrung bedog buntung Trungtrang bedog rompang Hét hét embé janggotan Kélék monyét héhéotan Badubanglpak dug blem
Pacublek-cublek uang
  • Pacublek-cublek uang Uangnya manggulenténg Butata – butiti Padati wara – wiri Tangsi nona Tangsi tuan Ka teluk bungbung Pok érah Pok érah Si Sidin mau kawin Potong kerbau péndék Potong kerbau tinggi Tingginya jemblang – jemblung Ta eem Ta eem Ta em – ta em – ta em
Sakentrung – sakentrung
  • Sakentrung – sakentrung Paré hawara di huma Ditutuna lisung kai (pondok ?) Trung dung trung dung éng Trung dung trung dung éng
Sakentrung taligung Pécik pécang Tété tulak Tété wondo Dalem surak raja sono Kalisanga domblé Kacang diraraweuy Tembus kénéh Dodol sana Dodol sini Cir kuciplek Doli doéng

Endeuk-eundeukan lagoni
  • + Endeuk-eundeukan lagoni - Meunang peucang sahiji + Leupas deui ku nini - Beunang deui ku aki + Leupas deui ku ninina nini nini - Beunang deui ku akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina nini nini - Beunang deui ku akina akina akina akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina ninina ninina ninina nini nini………… - Beunang deui ku akina akina akina akina akina akina akina akina aki-aki 
Pérépét jéngkol
  • Pérépét jéngkol jajahéan awewe ngompol jejeretean.
Ehon bérod Ehon bérod Ehon bérod Roda sapi buntung Tunggir hayam bikang Kangkung sisi gawir Wira dagang oncom Comél ka nu gélo Lodong kosong ngentrung Trung trung trung kohkol alarm
Santri maan dodol Doléwak nincak waduk Duka waduk saha Haneut kénéh pisan (balik deui kana santri maan dodol ………… Kitu jeung kitu waé bulak balik)

Bubulaoan Si semar maling gunting Guntingna kabulaoan Ta eem te eem Sidakep bari balem

Ojok – ojok
    Ojok – ojok uang aung
    Ngarorojok nu disaung
    Ojok-ojok undar andur
    Ngarojok nu keur tandur
    Ojok-ojok umbet-ambét
    Ngarojok nu ngarambét
    Ojok-ojok uat-aut
    Ngarojok nu dibuat
    Ojok – ojok ata utu
    Ngarorojok nu keur nutu
    Ojok-ojok unggang anggéng
    Ngarojok nu keur nonggéng
    Ojok-ojok ucad aced
    Ngorojok nu aced-acedan


Oray-orayan 1
    Oray-orayan
    Oray naon
    Oray bungka
    Bungka naon
    Bungkalaut
    Laut naon
    Laut dipa
    Dipa naon
    Dipandeuri


Oray-orayan 2
    + Oray-orayan luar léor mapay sawah
    - Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah
    + Mending ka leuwi di leuwi loba nu mandi
    - Saha anu mandi – anu mandina pandeuri



Prang pring
    Prang pring, prang pring
    salumprang salampring
    Sabulu bulu gading
    si gading ka Sunda perang
    pur kuntul engkang-engkang
    munding ngabongkar kandang
    salewek sadugel cindel
    heug, heug caringin runtuh
    heug, heug caringin runtuh
    dorokdok gubrag
    +pung puyuh/
    angèl angèl pèrah jambè/
    torolong hayam kakolong
    suku si jaèni
    nilep sabeulah.............(upami teu lepat mah kitu)


Cang ucang anggé
    Cang ucang anggé
    Mulung muncang ka paranjé
    Digogog ku anjing gedé
    Anjing gedé nu Pa Lebé
    Ari gog gog cungunguuuung


Héhéotan
    Héh héh héhéotan
    Bulu kélék jambréosan
    Nini-nini dagang ketan
    Teu payu dicarékan


Trang-trang koléntrang
    Trang-trang koléntrang
    silondong paéh nundutan
    tikusruk kana durukan
    mesat gobang kabuyutan

    Trang-trang koléntrang
    sianggar nyingkah sing anggah
    jeung gancang muntahkeun bulan
    caang bulan didurukan

    Trang-trang koléntrang
    si nini urang tulungan
    imahna teh kapoékan
    bulan tempur nabrak siang


Bang kalima lima gobang
    Bang kalima lima gobang (bang)
    Bangkong di tengah sawah (wah)
    Wahéy tukang bajigur (gur)
    Guru sakola désa (sa)
    Saban poé ngajar (jar)
    Jarum paranti ngaput (put)
    Putri nu gareulis (lis)
    Lisung kadua halu (lu)
    Luhur kapal udara (ra)
    Ragrag di Jakarta (ta)
    Taun tujuh hiji (ji)
    Haji rék ka Mekkah (kah)
    Kahar tujuh rébu (bu)
    Buah meunang ngala (la)
    Lauk meunang nyobék (bék)
    Béker meunang muter (ter)
    Terus ka Cikampék (pék)
    Pékna dagang kalam (lam)
    Lampu eujeung damar (mar)
    Mari kuéh hoho (ho)
    Hotél panglédangan (ngan)
    Ngantos Kangjeng Dalem (lem)
    Lempa lempi lempong
    Ngadu pipi jeung nu ompong


Ayang-ayang Gung
    Ayang-ayang gung
    Gung goongna ramé
    Ménak Ki Mas Tanu
    Nu jadi wadana
    Naha manéh kitu
    Tukang olo-olo
    Loba anu giruk
    Ruket jeung Kumpeni
    Niat jadi pangkat
    Katon kagoréngan
    Ngantos Kangjeng Dalem
    Lempa lempi lempong
    Ngadu pipi jeung nu ompong
    Jalan ka Batawi ngemplong


Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Kakawihan

Advertisement