Tari Rakyat

Tari Rakyat nya éta tarian anu tumuwuh jeung mekar di kalangan rahayat, ragem tarian rakyat mekar nurutkeun letak geografis, saperti daérah pagunungan, jeung daérah basisir, hal ieu nu ngabédakeun wangun jeung dinamika tarian.

Deskripsi
Tari rakyat nya éta tarian anu diciptakeun ku hiji masarakat di hiji tempat nu béda-beda. Dina prakna, unggal tarian ogé ngabogaan ciri khas gerakan sarta ngaranna sorangan. Teu bisa ditangtukeun taun sabarah munculna aliran tari rakyat ieu sorangan. Pasualanna nya éta daya sebar di masarakatna ragem-ragem waktuna. Karakter tari rakyat dina umumna nya éta gerak-gerak spontanitas, ti kaparigelanna sewang-sewangan. Tari rakyat biasana dingaranan kumaha laguna. Jadi ngaran tarianna biasana saluyu jeung judul waditra atawa lagu ketuk tilu. Contona nya éta:
  • Polostomo,
  • Cikeruhan,
  • Gaplék,
  • Érang,
  • Géboy,
  • Bardin, jrrd
Gerak anu biasana dipaké nya éa gerakan penca silat. Aya ogé dina wangun gerakanna, loba nu nyokot ti ngaran gerak atawa ngaran sasatoan jeung tatangkalan, misalna kadal meuntas, kuntul longok, bajing luncat, jrrd. Struktur tarianna biasana kabagi jadi tilu bagéan nya éta bagéan hiji biasana disebut negan istilah arang-arang bubuka/nyorong, bagéan dua nya éta eusi lagu misalna Polostomo naék géboy, atawa gaplék hungkul, jeung dipungkas ku arang-arang panutup, tuluy panutup

Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Tari_Rakyat
Read more ...

Tari Wayang

Tari Wayang nya éta salasahiji kelompok atawa genre tari Sunda anu kasang tukangna ti carita wayang.

Deskripsi
Tari wayang nya éta tari nu nyokot gerak dasar jeung gerak intina ti panokohan wayang. Dina tari wayang biasana ngagambarkeun panokohan jeung jabatan dina carita wayang. Aya sababaraha ciri utama dina tari wayang nya éa:
  1. Tari wayang nu ngagambarkeun panokohanna saperti tari Adipati Karna, tari Jayengrana, tari Gatotkaca, jeung tari Srikandi x Mustakaweni, sarta tarianna nu ngagambarkeun jabatan saperti tari Badaya.
  2. Kabeungharan Tarian Wayang ngabogaan ciri tingkatan karakter atawa watek anu tangtu saperti
    1. Tari Badaya, watekna putri ladak atawa lincah,
    2. Tari Srikandi x Mustakaweni, dua tokohna boga watek putri ladak atawa lincah,
    3. Tari Adipati Karna, watekna lincah, atawa disebut ogé satria ladak,
    4. Tari Jayengrana, watekna lincah, atawa disebut ogé satria ladak,
    5. Tari Gatotkaca, watekna monggawa lungguh.
  1. Kabeungharan tarian wayang ngabogaan ciri wangun pintonan nu tangtu saperti:
    1. Tari Badaya, kaasup wangun tari rampak, masal atawa kelompok,
    2. Tari Srikandi x Mustakaweni, kaasup wangun tari papasangan atawa duet,
    3. Tari Gatotkaca, Adipati Karna, jeung Jayengrana, kaasup wangun tari tunggal.
  1. Dina umumna pintonan tari Wayang dipirig ku gamelan salendro, jeung aya ogé kautuhan karawitan tarina anu dilengkepan ku narasi dialog
  2. Unggal tarian wayang ngabogaan ciri kostum atawa busana sorangan.    
  3. Pangibing anu mawakeun atawa narikeun tarian wayang aya kabiasaan anu tungturunan. Saperti pangibing awéwé, salian narikeun tarian wayang jenis putri ogé biasana narikeun tarian wayang jenis putra. Saperti, Adipati Karna, Jayengrana, jeung tari Gatotkaca. Sedengkeun pangibing lalaki teu biasa narikeun tarian wayang jenis putri.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Tari_Wayang
Read more ...

Topéng Priangan

Tari Topéng Priangan nya éta tari anu sumebar di wewengkon Jawa Barat mangsa kiwari. Sajarah
Sacara kronologis ayana Topéng priangan dimimitian ti tari Topéng anu mekar di Jawa Barat di mimiti taun 1900 nya éta Topéng Bebarang, anu dimaksudkeun pikeun pintonan keliling atawa pintonanna di tangtukeun ku nu nanggap nepi ka teu aya katetepan dina hal materi pintonanna.

Kamekaran salajengna nya éta mimiti taun 1900 di wewengkon Jawa Barat, Sumedang, Garut, Tasikmalaya jeung Bandung sering didatangan ku rombongan Topéng Cirebon. Dalangna aya dua nya éta Koncer jeung Wentar.

Di taun 1925, sababaraha pangibing ti Pasundan diajar tari Topéng Cirebon nu ragemna saperti tari Menak Jingga, Jingga Anom, Damar Wulan, Pamindo jeung Menak Koncar, namung dina kamekaranna pintonan tari Topéng Cirebon teu ramé dipadungdengkeun sarta teu gampang sumebar teu saperti tari Keurseus, hal ieu disawang kusabab wangun jeung gerakna hésé keur diturutan kitu ogé pirigan gamelanna husus tepakan kendangna teu sakabéh pangrawit Bandung bisa nepak khas Cirebon.

Salajengna tari Topéng anu sumebar di Jawa Barat sanggeus tari Keurseus nya éta tari Topéng anu geus ditata deui mimiti ti unsur gerak tari, pirigan tari, panjang pondokna materi, nepi ka pakéan tarina anu dipikawanoh ku tari Topéng Priangan. Conto ti tari Topéng priangan nya éta: Tari Topéng Kencana Wungu.

Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Topéng_Priangan
Read more ...

Bangréng

Bangréng
Bangréng nyaéta pangembangan tina seni "Terbang" sarta "Ronggéng". Seni terbang éta sorangan mangrupa kasenian anu ngagunakeun "terbang", nyaéta sarupaning rebana tapi badagna tilu kalieun tina pakakas rebana. Dimaenkeun ku lima pamaén sarta dua urang panabeuh kendang badag jeung leutik.

Sajarah
Mimiti mecenghulna seni terbang ieu nyaéta dina waktu sumebarna Ageman Islam anu dipigawé ku Wangsa Kusumah di mana seni terbang dijadikeun média pikeun da'wah. Sedengkeun "Ronggeng" nyaéta sebutan pikeun nu ngibing sarta sakaligus nu nyanyi atawa disebut ogé "Nyi Ronggéng". Alatan sebutanana "Nyi", mangka ronggéng saurang awéwé.

Nurutkeun panuturan para ahli seni (seniman), seni bangréng ieu asalna ti Kabupatén Sumedang sarta mindeng dipintonkeun dina acara-acara hiburan sarta acara husus kawas ngaruwat imah, ngadegkeun wangunan anyar sarta sukuran-sukuran séjénna.

Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Bangréng
Read more ...

Burokan

Burokan
Gambar : disparbud.jabarprov.go.id
Burokan mangrupakeun seni helaran nu populér pisan di Cirebon. Ceuk para senimanna (utamana di Désa Pakusamben, Kacamatan Babakan, Kabupatén Cirebon), burokan ieu mimiti aya kira taun 1934, nalika saurang warga Désa Kalimaro, Kacamatan Babakan, nu ngaranna Kalil nyieun hiji kréasi anyar seni Badawang (bonéka baradag) nyaéta mangrupa Kuda Hiber Buroq. Ceuk cenah kitu téh dumasar carita rayat di masarakat Islam ngeunaan lalampahan Isro Mi’roj Nabi Muhammad s.a.w. ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha kalawan tunggang sato kawas kuda jangjangan nu disebut Buroq. Di sagigireun éta, tina sababaraha kasaksian urang Cirebon, Buroq ieu téh mindeng kapanggih ogé dina rupa lukisan kaca di sababaraha wangunan di Cirebon. Lukisan kaca ieu mangrupa kuda sembrani (jangjangan, bandingkeun jeung pégasus na mitologi Kulon) nu beungeutna putri geulis cahayaan. Jadi, urang Cirebon geus teu ahéng dina masalah dedegan Buroq mah. Kalil kalawan motékar lajeng nyiptakeun Badawang anyar nu dingaranan Buroq, sedengkeun kasenianana dingaranan seni Genjring Buroq.

Pintonan
Parabot pintonan nu dipaké di antarana sapasang bonéka buroq nu biasa dimaénkeun ku opat urang (dua di hareup, dua di tukang), sababaraha bonéka (badawang) bentuk sato: gajah, monyét, macan, kuda, jeung mindeng ogé diramékeun ku badut.

Alat musik nu ngiringkeun Burokan biasana aya sababaraha rupa: tilu dogdog (badag, sedeng, leutik), opat genjring, hiji simbal, organ, gitar, gitar melodi, kromong, suling, jeung kecrék. Laguna dibawakeun ku penyanyi lalaki jeung wanoja, kalan-kalan giliran gumantung kana laguna.

Pintonan Burokan biasana dipaké dina sababaraha kariaan, kayaning hajat khataman, sunatan, kawin, marhabaan, jsb. Prakna biasa lumangsung ti isuk-isuk ngurilingan kampung sabudeureun tempat kariaan. Ari badawang lian ti Buroq, di antarana aya bonéka gajah, macan, jld, nu saméméhna geus disadiakeun sasajén lengkep salaku saratna. Lajeng lulugu rombongan mariksa sadaya kalengkepan pintonan bari maca do'a. Pintonan dimimitian ku tatabeuhan, lajeng usik dibarengan ku tembang Asroqol (solawat Nabi jeung Barzanji). Rombongan pintonan kakara maju sanggeus masarakat ngumpul, nu beuki lila beuki ramé sabab masarakat bisa milu aub ngareuah-reuah. Ari dina acara sunatan, budak nu disunatan ditumpakkeun kana Buroq bari maké papakéan lengkep disenangkeun, sedengkeun barudak nu hayang tumpak bonéka-bonéka lianna disina mayar antara Rp. 500-1000,-.

Nalika diarak, lalaguanana robah-robah, teu wungkul Asroqol, kaasup lagu tarling, dangdut, jaipong, kawas
  • Limang Taun, 
  • Sego Jamblang, 
  • Jam Siji Bengi, 
  • Sandal Barepan, 
  • Garet Bumi, 
  • Sepayung Loroan, 
  • Kacang Asin, 
  • Tilil Kombinasi, 
malah lagu-lagu nu keur populér kayaning
  • Pemuda Idaman
  • Melati
  • Mimpi Buruk
  • Goyang Dombrét.
Sapanjang pintonan Burokan, nu matak ngirut mah tetep bonéka Buroq, sabab panggeulisna jeung polah para pangiringna nu pikaresepeun.

Nepi ka kiwari, opat generasi ti Kalil, seni Genjring Buroq beuki dipikaresep ku masarakat, malah sumebar ka luar Cirebon, kayaning Losari, Cirebon, Brebes, Banjarharja, Karangsuwung, Ciledug, Kuningan, jeung Indramayu. Nu onjoy kiwari nyaéta Genjring Burok Gita Remaja ti Désa Pakusamben nu dipingpin ku Mustofa (lain turunan Kalil) ti 1969.

Ajén-inajén
Ajén nu aya dina satukangeun seni burokan ieu, di antarana:
  • sukuran pikeun sing saha nu nanggap Burokan, utamana dianggap salaku seni pintonan rayat nu Islami;
  •  ajén sinkrétis pikeun nu nempona tina tradisi Badawang (bonéka nu datang tina cara pikir mitis totemistik nu asalna tina hubungan arkaistik méméh Islam jadi agama dominan di Cirebon);
  • ajén akulturasi pikeun nu ngaranna Buroq (salaku injeuman ti Tatar Arab nu patali jeung carita Isro Mi’roj nu dipercaya ku masarakat Cirebon salaku dongéng ti tempat-tempat pangajian nu diabadikeun ogé dina lukisan-lukisan kaca);
  • ajén universal pikeun dedegan sato kawas Buroq, nu bisa ogé kapanggih dina mitos-mitos bangsa séjén, misalna Centaur (mahluk nu dedeganana kuda, tapi ti dada ka luhur pangawakan manusa) di Yunani, nu dina dunya pabintangan disebut Sagitarius. Kitu ogé pikeun bangsa Mesir, nu wanoh ka Sphinx.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Burokan
Read more ...

Beluk

Beluk nya éta nembangkeun pupuh maké lagu buhun sorana ditarikeun sarta dikelewengkeun patembalan biasana lalaki.  Urang Sunda geus kasohor karukunanna lamun tatanggana aya nu orokan lilana noron 40 peuting waktuna ti bada Isa. Seni beluk dipaénkeun ku sababraha jalma opat nepi ka salapan jalma anu dipingpin ku juru ilo minangka dalang anu macakeun sair, pada, anu aya dina naskah anu wangunnawawacan (carita anu ditulis dina wangun sajak dangding, biasana Pegon Arab Sundan sarta temana Islam. Nada anu dipake dina seni beluk biasana nada jangkung, kusabab kitu merlukeun kaparigelan anu tangtu. Hal ieu anu nyababkeun seni beluk jarang katembong sabab teu aya penerusna. Aya oge tembang anu dibawakeun nya eta saluyu jeung anu aya dina naskah saperti
Tiap pupuh miboga karakter anu husus. Kasenian beluk dipagelarkeun waktu peuting dina aya acara babar, parasan, atawa sundatan atawa kawin nu tempatna di ruang hareup, atawa tepasanu ku damar jeung teplok. Make kaen sarung sarta sila pikeun reureuh. Ari nu bogaeun hajat nyuguhna kadaharan minangka miceun hanaang

Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Beluk
Read more ...

Jaipongan

Jaipongan
Jaipongan nya éta hiji wanda seni tari nu lahir tina kréativitas seniman asal Bandung, Gugum Gumbira. Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nya éta ketuk tilu nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisi nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari jaipongan sering dipaké keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di daérah Subang jeung Karawang.

Sajarah
Saméméh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggéng dina seni pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-unsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.

Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif dina seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan, nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (Karawang, Bekasi, Purwakarta, Indramayu, jeung Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub). Ayana tarian dina Topeng Banjet cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran dicokot tina tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih mintonkeun pola-pola tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha gerak-gerak dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaeta Tayuban jeung Pencak Silat.

Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk Tilu kamekaran, nu memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran tina Ketuk Tilu. Karya munggaran Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir ibing Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi atawa iringannana, nu satuluyna tarian ieu jadi populer kalayan sebutan Jaipongan.

Samemeh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggeng dina seni pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-unsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.

Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif dina seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan, nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (Karawang, Bekasi, Purwakarta, Indramayu, jeung Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub). Ayana tarian dina Topeng Banjet cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran dicokot tina tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih mintonkeun pola-pola tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha gerak-gerak dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaeta Tayuban jeung Pencak Silat.

Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk Tilu kamekaran, nu memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran tina Ketuk Tilu. Karya munggaran Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir ibing Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi atawa iringannana, nu satuluyna tarian ieu jadi populer kalayan sebutan Jaipongan.

Kamekaran
u dipikawanoh ku masarakat nyaeta tari "Daun Pulus Késér Bojong" jeung "Réndéng Bojong" nu duanana mangrupakeun jenis tari awewe jeung tari papasangan (lalaki jeung awewe). Tina tarian ieu mucunghul sababaraha ngaran penari jaipongan nu parigel saperti Tati Saleh, Yeti Mamat, Eli Somali, jeung Pepen Dedi Kurniadi. Awal mucunghulna ibing ieu kungsi jadi wangkongan, nu isu sentralna nyaeta gerakan nu erotis tur vulgar. Tapi ku ayana ekspos sababaraha media citak, ngaran Gugum Gumbira mulai dipikawanoh ku masarakat, komo deui sanggeus tari Jaipongan dina taun 1980 dipintonkeun dina TVRI stasion puseur Jakarta. Balukar tina kasohoran ieu nyaeta beuki ningkatna, boh di media televisi, hajatan atawa kariaan nu diayakeun ku swasta jeung pamarentah.

Hadirna Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para seniman tari pikeun leuwih aktip deui ngadongkar jenis tarian rahayat anu saméméhna kurang perhatian. Tari Jaipongan dimangpaatkeun ku para seniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus tari Jaipongan, dimangpaatkeun ogé ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah, di mana perkembangan kasempetan usaha sarupa kieu dijieun ku para seniman tari minangka usaha pemberdayaan ékonomi ngaliwatan ngaran Sanggar Tari atawa grup-grup di sawatara wewengkon di Jawa Kulon, contona di Subang jeung Jaipongan gaya "kaléran" (kalér).

Ciri Jaipongan gaya kaléran, nyaéta marahmay, érotis, humoris, pinuh sumanget, spontan, sarta basajan (alami, naon ayana). Hal éta kaeunteung dina pola tari dina pintonanana, aya anu dibéré pola (Ibing Pola) kawas dina seni Jaipongan anu aya di Bandung, ogé aya ogé tarian anu henteu dipola (Ibing Saka), contona dina seni Jaipongan Subang sarta Karawang. Istilah ieu bisa dipanggihan dina Jaipongan gaya kaléran, utamana di wewengkon Subang. Dina pintonanana, Jaipongan gaya kaléran ieu nyaéta: 1) Tatalu; 2) Kembang Gadung; 3) Buah Kawung Gopar; 4) Tari Bubuka (Ibing Pola), biasana dipintonkeun ku penari tunggal atawa Sinden Tatandakan (saurang sinden tapi henteu bisa ngawih nanging ngalagu sinden/juru kawih); 5) Jeblokan sarta Jabanan, mangrupa bagian pintonan sabot para panongton (bajidor) sawér duit (jabanan) bari salam témpél. Istilah jeblokan diartikeun minangka pasangan anu tumetep antara sinden sarta panongton (bajidor).

Perkembangan saterusna tari Jaipongan lumangsung dina taun 1980-1990-an, nalika Gugum Gumbira nyiptakeun tari séjénna kawas Toka-toka, Sétra Sari, Sonteng, Pencug, Kuntul Mangut, Iring-iring Daun Puring, Rawayan sarta tari Kawung Anten. Tina tarian-tarian kasebut mecenghul sawatara penari Jaipongan anu jago contona Iceu Effendi, Yumiati Teuneung, Miming Mintarsih, Nani, Erna, Mira Tejaningrum, Ine Dinar, Ega, Nuni, Cepy, Agah, Aa Suryabrata sarta Asep.

Kiwari tari Jaipongan kaci disebut salah sahiji idéntitas kesenian Jawa Kulon, hal ieu kasampak dina sawatara acara-acara penting anu patali jeung sémah ti nagara deungeun anu datang ka Jawa Kulon, mangka dipapag ku pintonan tari Jaipongan. Kitu ogé nalika aya misi-misi kasenian ka manca nagara sok dilengkepan ku tari Jaipongan. Tari Jaipongan réa mangaruhan kasenian-kasenian balaréa séjén anu aya di Jawa Kulon, boh dina seni pintonan wayang, degung, genjring/terbangan, kacapi jaipong, sarta ampir kabéh pintonan rahayat boh dina musik dangdut modern anu dikolaborasikeun jeung Jaipong jadi kasenian Pong-dut. Jaipongan anu dimimitian ku Mr. Nur & Leni.

Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Jaipongan
Read more ...

Calung

Calung
Calung nyaéta pakakas musik Sunda anu mangrupa prototipe ti angklung. Béda jeung angklung, cara maénkeun calung mah ku cara nakol (wilahan, bilah) awi anu disusun nurutkeun titi laras (tangga nada) pentatonik (da-mi-na-ti-la). Jenis awi pikeun nyieun calung lolobana tina awi wulung (awi hideung), tapi aya ogé anu dijieun ti awi temen (awi pulas bodas).

Sajaba dihartikeun salaku pakakas musik, calung ogé jadi istilah sebutan pikeun seni pintonan. Aya dua wangun calung Sunda anu dipikawanoh, nyaéta
  • calung rantay sarta
  •  calung jinjing.

Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Calung
Read more ...

Kacapian

Kacapian
Kacapian mangrupa wangun kasenian nu ngagunakeun kacapi salaku waditra utama.  Di Majaléngka aya sababaraha ragam wangun seni kacapian, diantarana
  • Kacapi Suling
  • Kacapi Celempungan
  • Kacapi Jenaka Sunda
  • Kacapi Pantun, jeung 
  • Kacapi Kolaborasi
Ragam Kacapian
  1. Kacapi Suling
    Kacapi suling mangrupa wangun kasenian nu dibarengan ku waditra suling.  Fungsi kacapi jeung suling dina kasenian ieu nya éta salaku pangiring tembang jeung kawih. Kacapi suling nu aya di Majaléngka diantarana :
    Kacapi tembang jeung Kacapi Kawih.

    • Kacapi Tembang
      Dina kasenian ieu aya dua kacapi salaku pangiring, nya éta kacapi indung jeung kacapi rincik.  Kacapi indung biasana disebut kacapi parahu ku lantaran wangunna kawas parahu.  Jumlah kacapi indung aya 18 nu dijieun tina kuningan. Suling nu dipaké dina tembang sunda nya éta suling nu liangna aya genep, fungsina pikeun ngahasilkeun sababaraha laras, saperti pelog, madenda (sorog), jeung salendro.  Nalika dina pintonana, Kacapi indung dilengkepan ku Flute saperti waditra nu panjang jiga Rebab.  Salian salaku waditra, kacapi indug dipaké pikeun marengan acara Ngaras, siraman jeung Ngeuyeuk Seureuh dina acara nikahan, jeung acara-acara lianna. 
      Pamaén kacapi tembang sunda diantarana saurang pamaén kacapi indung, saurang pamaén kacapi rincik, saurang pamaén suling, jeung juru mamaos boh lalaki boh awéwé.  Tembang nu dipaké dina tembang sunda aya opat golongan lagu, diantarana Rarancagan, Papantunan, Dedegungan, jeung Jejemplangan.  Kaopat golongan lagu ieu kaasup kana sekar irama merdika nya éta lagu nu teu kaikét ku birama.  Pikeun ngalengkepan tembang irama merdika, biasana make lagu tambahan nya éta kawih. 
      Para pamaén kacapi tembang sunda biasana maraké raksukan taqwa nu sarua warnana jeung pamaén sejénna, maké bendo, jeung maké sorban.  Sedengkeun juru mamaos awéwé maké kabaya jeung sanggul. 
      Di Majaléngka tembang sunda dimekarkeun ku para seniman, tokoh-tokoh seniman diwilayah Majaléngka diantarana Samsuri, E. Kusnadi, Oyo Suharja, Amin Choeruman, jeung Soni Supriatna.  Juru mamaos awéwé nu turut ngamekarkeun khasanah tembang sunda, diantarana Titin Supartini, Tati, Lia Marliani, jsb. 
    • Kacapi Kawih
      Kawih nya éta wangun karawitan sekar (vokal) nu kaikét birama atawa ketukan.  Kacapi nu dipaké pikeun marengan kawih beda jeung kacapi nu dipaké pikeun marengan tembang.  Kacapi nu dipaké pikeun marengan kawih nya éta kacapi siter, jumlah kawatna 20. Vokalis dina kasenian ieu disebut juru sekar atawa juru kawih. 
      Nepi ka ayeuna, di Majaléngka dipikawanoh sababaraha pamaén seni kacapi kawih di antarana E. Kusnadi, Oyo suharja, Wasman Rukmana, Daryono, Risnandar, Soni Supriatna (suling jeung rebab), Aceng Hidayat (suling), Dede Carmo, Rasma Sudrajat jeung Dadang.  Kasenian ieu dimekarkeun ngaliwatan media radio, nya éta siaran Haleuang Pasunjeung di Radika 100,3 FM Majaléngka ku Grup Panghegar.  Kelompok seni kawih sejénna diantarana Manik mekar Saputra (Cigasong), Tanjeung Mijeung (Munjul), jeung Kania Setra (Maja).
  2. Kacapi Cemplungan
    Waditra nu dipaké dina kacapi cemplungan henteu ngan saukur kacapi jeung suling wungkul, tapi ditambah ku waditra sejénna saperti gendang jeung gong. Lagu nu dipaké nya éta sekar tandak atawa kawih. Pikeun nambah daya pangirut pamiarsa, biasana kasenian ieu dibarengan ku tari jaipong. Grup-grup kacapi cemplungan nu dipikawoh ku masarakat Majaléngka diantarana Manik Mekar Saputra, Sanggar Panghegar, Tandang Midang, jeung Kania Setra.
  3. Kacapi Jenaka Sunda
    Kacapi jenaka sunda mangrupa jenis seni kacapian nu make lagu-lagu lucu dina irama nu teu kauger. Jenis kacapian nu digunakeunna nya éta kacapi siter. Pamaénna nya éta saurang pamaén kacapi salaku panyanyi ditambah ku saurang atawa dua urang pamaén. Kacapi jenaka sunda di Majaléngka dimekarkeun ku kelompok kasenian PG Kadipatén (tahun 1970-an) nepi ka ayeuna masih aya, dalangna nya éta Edi Jubaedi. Pamaén sejénna nu terkenal nya éta Abah Duleh, Abah Bontot, Mang Uu Wahyu, jeung Mang Pentil. Generasi saterusna nya éta Karjo, Iwan Abok, Casma (Mang Cemeng), Ikin Sodikin (Mang jangkung).
  4. Kacapi Pantun
    Kacapi Pantun mangrupa kacapian pikeun marengan juru pantun nalika nyarita. Wangenan ‘’’pantun’’’ sacara harfiah numutkeun Saleh Danasasmita nya éta “ carita, balada, dongeng atawa sajarah buhun, umumna ngeunaan karajaan Pajajaran (dibarengan ku nyanyian, tarawangsa atawa kacapi). (Saleh, 1974). Sedengkeun numutkeun sababaraha juru pantun, pantun mangrupa wancahan atawa singketan ti kecap papan nu jadi panungtun. Artina ngaliwatan carita pantun pamiarsa miboga panutan atawa cecekelan hirup. Kasenian ieu mangrupa jenis kasenian nu dirojong ku unsur-unsur seni sastra jeung karawitan. Unsur sastra aya dina carita pantun, carita pantun nu mimitina dibawakeun sacara lisan ayeuna mah geus loba nu dibukukeun. Sedengkeun unsur seni karawitan aya dina iringan waditra kacapi nu dipetik nalika pintonan pantun.

    Karakteristik pintonan pantun sacara tradisional nya éta :
    • Pamaén kasenian ieu ngan saurang.
    • Saacan pintonan, biasana dilakukeun upacara ritual saperti sasajén jeung maca mantra ku juru pantun sarta ngaduruk menyan.
    • Kacapi nu dipaké nya éta kacapi indung.
    • Nepi ka ayeuna kasenian ieu masih dianggap salaku kasenian sakral.

    Numutkeun Ajip Rosidi (1983:32) nyebutkeun yén di daerah Cirebon kacapi pantun ngan dimaénkeun ku saurang. Tapi ayeuna mah sangkan kacapi pantun dipikaresep ku masarakat, ditambahan ku waditra sején, saperti piul (biola), saurang sinden, jeung gamelan. Ku kituna kacapi pantun teu beda jauh jeung wanu catur (Ajip Rosidi, 1983:33). Umumna alur carita pantun dimimitian ku Rajah Pamuka, dituluykeun ku nyarita, nataan karajaan jeung para tokoh carita. Dina akhir carita dipungkas ku nyanyikeun Rajah Pamunah atawa Rajah Panutup. Carita-carita pantun nu terkenal diantarana Mundinglaya Di Kusumah, Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Nyi Sumur Bandung, Jaran Sari, Raden Deudeug Pati Jaya Perang, Panggung Karaton, Demung Kalagan, Nyi Pohaci Sanghiang Sri, jsb.

    Tokoh-tokoh atawa juru pantun nu terkenal ti Majaléngka nya éta:
    • Saein ti Tonjong
    • Sidik ti Bantarjati
    • Warwa ti Jatitujuh
    • Maun ti Pasir
    • Nadi ti Kutamanggu
    • Baedi ti Kadipatén
    • Kusma ti Kadipatén
    • Cecep ti Waringin
    • Rasim ti Mandapa
    • Iwan Ompong ti Cideres
  5. Kacapi Kolaborasi
    Kacapi kolaborasi dimekarkeun ku para seniman Majaléngka seperti Oyo Suharja saparakanca. Dina kasenian ieu waditra nu dipaké nya éta, kacapi siter, gitar akustik, cuk, gitar bas, biola, suling, gendang, jeung gong. Jumlah pamaén na sakitar sapuluh urang. Lagu-lagu nu dipaké nya éta kowlli Sunda, pop Sunda, jeung Indonesia Populer. Kacapi kolaborasi di Majaléngka mimiti diwanohkeun nalika Gelar Seni Tradisi I tanggal 26 Desember 2004. Sanggar Panghegar (Radika FM Majaléngka) nu dipingpin ku Wasman Rukmana magrupa hiji-hijina kelompok kasenian nu mintonkeun jenis kasenian ieu.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Kacapian
    Read more ...

    Angklung

    Angklung
    Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.

    Sajarah
    Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).

    Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda.

    Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung kapentinganana, misalna dina upacara ngarak paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang.

    Rupa-rupa angklung
    • Angklung Kanékés
      Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung.

      Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, Papacangan, jeung Culadi Dengdang. 
    • Angklung Dogdog Lojor
      Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.

      Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta karaméan lianna.

      Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).

      Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng Papangantén, Si Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.

      Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen. 
    • Angklung Gubrag
      Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik. 
    • Badéng
      Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atau 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.
    Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan:
    • angklung roél dua, 
    • angklung kecer hiji, 
    • angklung indung jeung bapa opat, 
    • jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, 
    • terebang atawa gembyung dua, jeung 
    • kecrék hiji.
    Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.

    Tembang-tembang badéng anu kawentar, di antarana
    • Lailaha illalloh, 
    • Ya’ti, Kasréng, 
    • Yautika, 
    • Lilimbungan, jeung 
    • Solaloh.
    Buncis
    Buncis téh seni pintonan nu watekna hiburan, nu utamana kawentar di wewengkon Baros (Arjasari, Bandung).


    Sumber rujukan
    Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Angklung
    Read more ...

    Penca Silat

    Penca Silat
    Penca Silat atawa silat nya éta seni béla diri anu asalna ti Asia Tenggara. Seni Béla Diri ieu geus kawéntar di Indonesia, Malaysia, Brunei Darussalam, Singapura, Filipina Kidul jeung Thailand Kidul saluyu jeung nyebarna séké sélér Malayu Nusantara

    Sejarah Penca Silat
    Penca silat geus dipikawanoh ku sabagéan masarakat Malayu kalawan sababaraha ngaran. Di semenanjung Malaysia jeung Singapura, penca silat leuwih dipikawanoh ku ngaran gayong jeung cekak. Di Thailand, penca silat dipikawanoh ku ngaran bersilat, jeung di Filipina kidul dipikawanoh ku ngaran pasilat. Ti ngaranna, geus bisa dipikanyaho yén penca silat asalna ti Indonesia nepi ka ditetepkeun yén olahraga ieu diciptakeun nu munggaran di Indonesia

    Zaman Kuno
    Karuhun bangsa Indonesia geus boga cara ngabéla dirina nu boga fungsi pikeun mertahankeun kahirupanna atawa kelompokna ti musibat atawa tantangan alam. Maranéhna nyiptakeun béla diri pikeun nirukeun gerakan sasatoan nu aya di lingkunganna, saperti gerakan monyét, maung, oray atawa manuk dadali.

     Zaman Karajaan-Karajaan di Indonesia
    Karajaan-karajaan badag, saperti Majapahit jeung Sriwijaya miboga pendékar nu ngawasaan élmu béla diri jeung bisa ngahijikeun prajurit nu kamaheranna dina ngabéla dirina bisa diandelkeun. Dina sajarah perjoangan ngalawan panjajah Walanda, kacatet pendékar anu ngangkat sanjata,, saperti Panembahan Senopati, Sultan Agung, Pangeran Diponegoro, Tjik Ditiro, Teuku Umar, Imam Bonjol, sarta pendékar awéwé, saperti Sabai Nan Aluih, Tjut Nyak Din, jeung Tjut Mutiah.

    Sajarah Ikatan Penca Silat Indonesia (IPSI)
    Nyadar kana pentingna ngamekarkeun peran penca silat keur ngeusi sumanget kamerdikaan, ku kituna dirasa perlu ayana organisasi penca silat nu sipatna nasional, nu bisa oge ngabeungkeut aliran penca silat nu aya di Indonesia. Dina kaping 18 Mei 1948, kabentuk Ikatan Penca Silat Seluruh Indonesia kalawan susunan pangurus puseur :
    • Ketua Umum : Mr. Wongsonegoro
    • Wakil Ketua : Suria Atmadja
    • Penulis Umum : Marijun Sudirohadiprodjo
    • Bendahara : Suratno Sastroamidjojo
    Dina 11 Maret 1980, Persatuan Penca Silat Antar bangsa (Persilat) ngadegkeun kalawan prakarsa Eddie M. Nalapraya (Indonesia), nu kiwari ngajabat jadi pupuhu IPSI. Acara éta dirojong ku wawakil ti Malaysia, Singapura, jeung Brunei Darussalam. Kaopat nagara éta kaasup nagara Indonesia, ditetepkeun salaku naratas Persilat.

    Penca Silat nya éta hiji metode bela diri anu dijieun ku urang Indonesia keur mertahankeun dirina sorangan ti sagala rupa musibat. Musibat anu ngancem ka kaselamatan jeung kalumangsungan hirupna. Salaku hiji élmu/metode béla diri anu lahir jeung mekar di kahirupan sosial masarakat bangsa Indonesia, Penca Silat kacida dipangaruhan pisan ku palsapah, budaya, jeung kapribadian bangsa Indonesia.

    Silat disawang mekar di kapuloan sakabéh Nusantara ti abad ka-7 maséhi, namung asal muasalna mah can bisa di tangtukeun. Mimiti aya élmu béla diri ieu mungkin mekar ti kaparigelan séké sélér asli Indonesia dina moro jeung perang ngagunakeun bedog, tameng jeung tumbak. Penca Silat di Jawa Kulon biasana dilengkepan ku Goong Bendé jeung alat tiup Tarompet, biasana ditepikeun kalayan musik anu disebut Kendang Penca. Fungsi ti musik Kendang Penca ieu nya éta pikeun nyarengan pintonan gerak-gerak jurus silat jeung kaparigelanna anu geus ditata dina hiji wangun ibingan silat. Pagelaran Penca Silat dimimitian ku acara ngawanohkeun sorangan ka sakabéh patandang silat anu dibéré nomor tandang saluyu jeung ngaran sarta aliran silatna.

    Patandang silat asup ka arena tandang. Ditengah-tengah aréna, patandang méré hormat ka nu nongton di antarana kalayan cara rengkuh bari panangan katuhu nu ngeupeul jeung dampal leungeun kénca di hareupeun dada. Di dieu nunjukkeun yén dina pintonan Penca Silat anu dilakukeun sorangan, teu boga maksud ngajak gelut. Namung fungsina salaku seni pintonan. Saréngséna hormat jeung biasana, patandang ngawilujengkeun ka nayaga keur nabeuh. Biasana di Jawa Kulon sorangan, musik nu dipaké macem-macem. Salah sahijina nya éta lagu Buah Kawung.

    Dasarna pakéan anu dipake masih tetep boga pola tradisi, nya éta iket, baju kampret hideung polos, calana pangsi, beubeur, sarung, jeung bedog. Iket keur awéwé mah cukup ku hiji lambar kaén, utamana ngabeungkeut buuk ulah nepi ka ngaganggu gerakan jurus. Istilah-istilah gerak silat anu dicokot tina kahirupan sapopoe nya éta:
    • Adeg-adeg, 
    • Ajeg, 
    • Bendul, 
    • Besot, 
    • Centok, 
    • Dengkul, 
    • Depok, 
    • Gedig, 
    • Giles, 
    • Guar Jalak Pengkor, 
    • Jambret, 
    • Kelid, 
    • Koset, 
    • Kuda-kuda, 
    • Lengkah, 
    • Limbung, 
    • Malik, 
    • Mande, 
    • Mincid, 
    • Najong, 
    • Pasang, 
    • Pegung/Bendung, 
    • Pepeg, 
    • Peupeuh, 
    • Rengkuh, 
    • Rogoh, 
    • Selup, 
    • Siku, 
    • Tangkis, jeung 
    • Tarik.
    Dina kamekaranna, musik nu nyarengan Penca Silat ogé kiwari leuwih dipikaresep ku masarakat. Lagu-lagu kendang penca loba nu geus dijadikeun dina wangun kasét. Diantarana Grup Muchtar Darma Saputra geus loba ngarekam lagu-lagu kendang penca kalayan sora tarompetna nu khas.


    Sumber rujukan
    Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Penca_silat
    Read more ...

    Tembang Cianjuran

    Tembang Cianjuran
    Gambar : datasunda.org
    Tembang Cianjuran mangrupakeun seni vokal Sunda nu dibarengan ku alat musik kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur, kasenian ieu téh disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti taun 1930-an, anu lajeng dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung.

    Sajarah
    Mamaos kabentuk dina mangsa pamaréntahan bupati Cianjur R.A.A. Kusumaningrat (1834—1864) anu sok ngarang ieu tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. Kusabab kitu, anjeunna katelah Dalem Pancaniti.

    Mimitina, mamaos ditembangkeun ku lalaki, sarta kakara ilahar diteuleuman ku wanoja kira parapat abad ka-20. Ti harita, mimiti panembang wanoja pating pucunghul, kayaning Rd. Siti Sarah, Rd. Anah Ruhanah, Ibu Imong, Ibu O’oh, Ibu Resna, jeung Nyi Mas Saodah.

    Mamaos téh dimekarkeun tina seni pantun, nu ciri utamanya nya éta ayana kacapi katut cara maénkeunana. Lalaguanana ogé ampir sakabéhna tina carita pantun, diantarana carita Pantun Mundinglaya Dikusumah. Tuluy, ieu seni soara téh mekar ogé migunakeun beluk (mamaca), degung, sarta tembang macapat Jawa: pupuh. Lagu-lagu mamaos nu dicokot tina seni pantun disebutna lagu pantun atawa papantunan, atau disebut ogé lagu Pajajaran, dicokot tina ngaran karaton Sunda di Bogor bihari. Lagu-lagu nu asalna tina bahan pupuh disebut tembang, nu duanana nurut kana aturan rumpaka. Ka dieunakeun, aturan nyieun rumpakana jadi leuwih bébas, bisa nyampur.

    Dina mangsa pamaréntahan bupati RAA Prawiradireja II (1864—1910), mamaos sumebar ka wewengkon lianna, nu utamana diluluguan ku Rd. Écé Majid Natawireja (1853—1928). Anjeunna sering diulem ngawulang mamaos ka kabupatén-kabupatén di Priangan, di antarana ku bupati Bandung RAA Martanagara (1893—1918) jeung RAA Wiranatakusumah (1920—1931 & 1935—1942). Nalika ieu mamaos sumebar ka wewengkon séjén, lajeng ieu seni soara téh jadi katelah tembang Cianjuran. Kitu ogé nalika radio NIROM Bandung taun 1930-an nyiarkeun ieu kasenian, disebutna téh tembang Cianjuran.

    Pintonan
    Sabenerna istilah mamaos mah ukur nujul ka lagu-lagu nu polana pupuh (tembang), lemesna tina mamaca: seni maca buku carita wawacan ku cara ditembangkeun. Buku wawacan nu migunakeun aturan pupuh ieu aya nu dilagukeun ku téhnik rancag jeung téhnik beluk.

    Lagu-lagu mamaos larasna pelog (degung), sorog (nyorog, madenda), saléndro, jeung mandalungan. Dumasar kana asal jeung watek laguna, mamaos digolongkeun kana sababaraha wanda: papantunan, jejemplangan, dedegungan, jeung rarancagan. Kiwari, aya ogé tambahan jenis kakawén jeung panambih salaku wanda nu mandiri. Lagu-lagu mamaos tina jenis tembang lolobana migunakeun pola pupuh kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula, jeung sababaraha pupuh lianna.

    Wanda
    Seni Tembang Sunda Cianjuran mibanda opat wanda utama nyaeta:
    1. Wanda Papantunan
    2. Wanda Jejemplangan
    3. Wanda Rarancagan
    4. Wanda Dedegungan
    jeung wanda raehan atawa tambahan, diantarana:
    1. Wanda Panambih
    2. Wanda Kakawén (saléndro)


    Lagu-lagu dina wanda papantunan
    • Papatat, 
    • Rajamantri, 
    • Mupu Kembang, 
    • Randegan, 
    • Randegan Kendor, 
    • Kaléon, 
    • Manyeuseup, 
    • Balagenyat, 
    • Putri Layar, 
    • Pangapungan, 
    • Rajah, 
    • Gelang Gading, 
    • Candrawulan, jsb.
    Lagu-lagu dina wanda jejemplangan
    • Jemplang Pangantén, 
    • Jemplang Cidadap, 
    • Jemplang Leumpang, 
    • Jemplang Titi,
    • Jemplang Pamirig, jsb.
    Lagu dina wanda dedegungan
    • Sinom Degung, 
    • Asmarandana Degung,
    • Durma Degung, 
    • Dangdanggula Degung, 
    • Rumangsang Degung, 
    • Panangis Degung, jsb.
    Lagu dina wanda rarancagan
    • Manangis, 
    • Bayubud, 
    • Sinom Polos, 
    • Kentar Cisaat, 
    • Kentar Ajun, 
    • Sinom Liwung, 
    • Asmarandana Rancag, 
    • Setra, 
    • Satria, 
    • Kulu-kulu Barat, 
    • Udan Mas, 
    • Udan Iris, 
    • Dangdanggula Pancaniti, 
    • Garutan, 
    • Porbalinggo, 
    • Erang Barong, jsb. 
    Wanda kakawén di antarana
    • Sebrakan Sapuratina, 
    • Sebrakan Pelog, 
    • Toya Mijil, 
    • Kayu Agung, jsb.
    Lagu dina wanda panambih
    • Budak Ceurik, 
    • Toropongan, 
    • Kulu-kulu Gandrung Gunung, 
    • Rénggong Gedé, 
    • Panyileukan, 
    • Selabintana, 
    • Soropongan, jsb.

    Tina awalna nu mangrupa tembang hiburan alat silaturahmi di antara para ménak, mamaos kiwari geus jadi seni hiburan komersil sakumaha kasenian umumna, dipintonkeun dina rupa-rupa acara, sarta asup ka studio rékaman.

    Sumber rujukan
    Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Tembang_Cianjuran | Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung. | E. Nani Supriatna.2005. Tembang Kanayagan. Sanggar Seni Gentra gendin Wirahma Sari Cianjur, Cianjur.
    Read more ...

    Kuda Rénggong

    Kuda Rénggong 
    Kuda rénggong atawa kuda dépok nyaeta salah sahiji jenis kasenian helaran anu aya di Kabupatén Sumedang, Majalengka sarta Karawang.

    Pintonan
    Cara midangkeunnana nyaéta, hiji kuda atawa leuwih dihias warna-warni, budak sunat ditaékkeun ka luhur tonggong kuda kasebut, budak sunat kasebut dihias kawas Raja atawa Satria, bisa ogé nurun pakéan para Dalem baheula, maké bendo, takwa jeung maké lawon sarta selop.

    Di hareupeun rombongan Kuda Renggong aya saurang Pelatuk, nyaéta saiah saurang pamaén Kuda Renggong, anu metak minangka panunjuk jalan sarta pupuhu koordinator iring-iringan kasebut.


    Tatabeuhanana mangrupa kendang badag, goong, tarompet, genjring atawa terbang gede atawa dulag, malahan sok dibarengan ku sinden sarta nu ngaribing, lalaki jeung awéwé. Arak-arakan kasebut leumpang nurutkeun arah anu geus ditangtukeun saméméhna.

    Kuda Renggongnya meta kawas nu ngibing, alatan geus kalatih sarta biasa ngadéngé tatabeuhan. Gerakanana sawirahma jeung sora anu dimaenkeun. Lamun wirahmana laun, Kuda Renggong baris metakeun awakna kalawan laun ogé, kitu ogé lamun wirahmana gancang Kuda Renggong baris metakeun awakna kalawan gancang ogé

    Gerakanana sajaba gerakan suku kuda anu ejrag-ejragan, hulu Kuda Renggong ogé milu ungut-unggutan. Di hareupeun atawa di sisieun Kuda Renggong aya sawatara urang nu ngibing, boh ti rombongan Kuda Renggongna sorangan boh ti para panongton atawa baraya anu boga hajatan. Maranéhanana galumbira milu joged atawa ngibing sabisa-bisa, sarta hal ieu pisan anu nambahan ramena pintonan Kuda Renggong.

    Miara kuda
    Cenah miara kuda pikeun Kuda Renggong pohara diutamakeunnana. Sajaba dibéré baranghakan jukut, ongok ogé dibéré madu, susu, sarta endog. Surai-na oge dipulasara sahade-hadena, diuntun maké pita sarta dipasangan perhiasan anu cerah kalawan warna-warni anu éndah

    Sumber rujukan
    Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Kuda_rénggong
    Read more ...

    Wayang Golék

    Wayang Golék Arjuna
    Wayang Golék téh hiji seni pintonan wayang nu mangrupa bonéka tina kai nu dipaénkeun ku dalang, nu kawentar tur populér pisan di Tatar Sunda.

    Wayang
    Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan wayang kulit nu mintonkeun hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda, nu pangpopulérna mah wayang golék.

    Wayang golék aya dua rupa: wayang golék papak (cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti wayang wong, pintonan wayang dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.

    Tumuwuh
    Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayana jeung Mahabarata kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong), ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang jeung rebab.

    Ti taun 1920-an, salila pintonan wayang golék téh teu weléh dibarengan sindén. Malah harita mah sindénna bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimah taun 1960-an.

    Dina pintonan wayang golék, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyaéta lalakon carangan, lalakon galur mat teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirén kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golék nu kawentar di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abéng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asép Sunandar Sunarya, Cécép Supriadi, jld.

    Pola pangadegan wayang golék nyaéta
    1. Tatalu, dalang jeung sinden naik panggung, gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawén, jeung biantara; 
    2. Babak unjal, paséban, jeung bébégalan; 
    3. Nagara séjén; 
    4. Patepah; 
    5. Perang gagal; 
    6. Panakawan/goro-goro;
    7. Perang kembang;
    8. Perang raket; jeung 
    9. Tutug.
    Najan mibanda fungsi rélijius (misalna dina ngaruwat), wayang golék kiwari leuwih dominan dipaké salaku seni pintonan hiburan rahayat nu mibanda fungsi nu luyu jeung pangabutuh lingkungan masarakat, boh spiritual atawa materil. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha kagiatan masarakat nu diramékeun ku pintonan wayang golék, di antarana hajat/kariaan nyunatan, nikahan, jsb.

    Média nyebarkeun Islam
    Numutkeun dugaan, sakumaha wayang kulit di wewengkon wétan (Jawa), wayang golék dipaké ku para wali pikeun nyebarkeun Islam di Tatar Sunda. Kusabab ajaran Hindu harita geus raket jeung masarakat Sunda harita, carita Mahabarata jeung Ramayana ti Tatar Hindu dimodifikasi pikeun ngajarkeun Katauhidan. Misalna dina carita Mahabarata, para déwa boga kawenangan nu absolut pikeun nangtukeun nasib jeung takdir, mangka para wali nyieun objék anyar nu posisina leuwih kuat, nyaéta Semar.

    Sumber rujukan
    Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Wayang_Golék
    Read more ...

    Pantun

    Pantun atawa carita pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi.

    Sajarah :
    Pantun mangrupakeun hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa. Pantun anu ogé kawilang kuna nyaéta Pantun Bogor nu dicaritakeun ku Ki Buyut Rambéng.

    Kamekaran seni pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita
    • Lutung Kasarung, 
    • Ciung Wanara, 
    • Mundinglaya Di Kusumah, 
    • Déugdeug Pati Jaya Perang, 
    • Ratu Bungsu Kamajaya, 
    • Sumur Bandung, 
    • Demung Kalagan, jsb. 
    Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.

    Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".

    Pamirig
    Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung atawa kacapi tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina tembang Cianjuran), nepi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras pélog, tapi loba ogé nu maké laras saléndro.

    Pintonan
    Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk:
    1. Pikeun hiburan jeung 
    2. Pikeun ritual. 
    Dina pidangan hiburan, nu sok dicaritakeun téh gumantung kana carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu nanggap. Sedengkeun pikeun ritual, saperti ruwatan, caritana sarua jeung dina pintonan wayang, kayaning Batara kala, Kama Salah, atawa Murwa Kala.

    Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.

    Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu:
    1.  nyadiakeun sasajén, 
    2. ngukus menyan, 
    3. "rajah pamunah",
    4. carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta 
    5. ditutup ku "rajah pamungkas".
    Salaku kasenian nu hirup ti jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak ahéng mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun téh mangrupa campuran éta dua jaman. Najan aya istigpar (Islam), istilah-istilah sarupaning "Déwata", "Pohaci", "para karuhun", "buyut", jsb.

    Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna.

    Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.

    Sumber rujukan
    Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Pantun
    Read more ...

    Pupuh

    Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.

    Rupa - Rupa Pupuh :
    Pupuh aya 17 ( tujuh welas ) rupa:
    • Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
    • Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
    • Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
    • Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
    • Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
    • Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
    • Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
    • Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
    • Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
    • Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
    • Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
    • Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
    • Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
    • Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
    • Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
    • Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
    • Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
    Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nya éta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.

    Sumber rujukan
    Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Pupuh
    Read more ...