Tembang Cianjuran

Tembang Cianjuran
Gambar : datasunda.org
Tembang Cianjuran mangrupakeun seni vokal Sunda nu dibarengan ku alat musik kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur, kasenian ieu téh disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti taun 1930-an, anu lajeng dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung.

Sajarah
Mamaos kabentuk dina mangsa pamaréntahan bupati Cianjur R.A.A. Kusumaningrat (1834—1864) anu sok ngarang ieu tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. Kusabab kitu, anjeunna katelah Dalem Pancaniti.

Mimitina, mamaos ditembangkeun ku lalaki, sarta kakara ilahar diteuleuman ku wanoja kira parapat abad ka-20. Ti harita, mimiti panembang wanoja pating pucunghul, kayaning Rd. Siti Sarah, Rd. Anah Ruhanah, Ibu Imong, Ibu O’oh, Ibu Resna, jeung Nyi Mas Saodah.

Mamaos téh dimekarkeun tina seni pantun, nu ciri utamanya nya éta ayana kacapi katut cara maénkeunana. Lalaguanana ogé ampir sakabéhna tina carita pantun, diantarana carita Pantun Mundinglaya Dikusumah. Tuluy, ieu seni soara téh mekar ogé migunakeun beluk (mamaca), degung, sarta tembang macapat Jawa: pupuh. Lagu-lagu mamaos nu dicokot tina seni pantun disebutna lagu pantun atawa papantunan, atau disebut ogé lagu Pajajaran, dicokot tina ngaran karaton Sunda di Bogor bihari. Lagu-lagu nu asalna tina bahan pupuh disebut tembang, nu duanana nurut kana aturan rumpaka. Ka dieunakeun, aturan nyieun rumpakana jadi leuwih bébas, bisa nyampur.

Dina mangsa pamaréntahan bupati RAA Prawiradireja II (1864—1910), mamaos sumebar ka wewengkon lianna, nu utamana diluluguan ku Rd. Écé Majid Natawireja (1853—1928). Anjeunna sering diulem ngawulang mamaos ka kabupatén-kabupatén di Priangan, di antarana ku bupati Bandung RAA Martanagara (1893—1918) jeung RAA Wiranatakusumah (1920—1931 & 1935—1942). Nalika ieu mamaos sumebar ka wewengkon séjén, lajeng ieu seni soara téh jadi katelah tembang Cianjuran. Kitu ogé nalika radio NIROM Bandung taun 1930-an nyiarkeun ieu kasenian, disebutna téh tembang Cianjuran.

Pintonan
Sabenerna istilah mamaos mah ukur nujul ka lagu-lagu nu polana pupuh (tembang), lemesna tina mamaca: seni maca buku carita wawacan ku cara ditembangkeun. Buku wawacan nu migunakeun aturan pupuh ieu aya nu dilagukeun ku téhnik rancag jeung téhnik beluk.

Lagu-lagu mamaos larasna pelog (degung), sorog (nyorog, madenda), saléndro, jeung mandalungan. Dumasar kana asal jeung watek laguna, mamaos digolongkeun kana sababaraha wanda: papantunan, jejemplangan, dedegungan, jeung rarancagan. Kiwari, aya ogé tambahan jenis kakawén jeung panambih salaku wanda nu mandiri. Lagu-lagu mamaos tina jenis tembang lolobana migunakeun pola pupuh kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula, jeung sababaraha pupuh lianna.

Wanda
Seni Tembang Sunda Cianjuran mibanda opat wanda utama nyaeta:
  1. Wanda Papantunan
  2. Wanda Jejemplangan
  3. Wanda Rarancagan
  4. Wanda Dedegungan
jeung wanda raehan atawa tambahan, diantarana:
  1. Wanda Panambih
  2. Wanda Kakawén (saléndro)


Lagu-lagu dina wanda papantunan
  • Papatat, 
  • Rajamantri, 
  • Mupu Kembang, 
  • Randegan, 
  • Randegan Kendor, 
  • Kaléon, 
  • Manyeuseup, 
  • Balagenyat, 
  • Putri Layar, 
  • Pangapungan, 
  • Rajah, 
  • Gelang Gading, 
  • Candrawulan, jsb.
Lagu-lagu dina wanda jejemplangan
  • Jemplang Pangantén, 
  • Jemplang Cidadap, 
  • Jemplang Leumpang, 
  • Jemplang Titi,
  • Jemplang Pamirig, jsb.
Lagu dina wanda dedegungan
  • Sinom Degung, 
  • Asmarandana Degung,
  • Durma Degung, 
  • Dangdanggula Degung, 
  • Rumangsang Degung, 
  • Panangis Degung, jsb.
Lagu dina wanda rarancagan
  • Manangis, 
  • Bayubud, 
  • Sinom Polos, 
  • Kentar Cisaat, 
  • Kentar Ajun, 
  • Sinom Liwung, 
  • Asmarandana Rancag, 
  • Setra, 
  • Satria, 
  • Kulu-kulu Barat, 
  • Udan Mas, 
  • Udan Iris, 
  • Dangdanggula Pancaniti, 
  • Garutan, 
  • Porbalinggo, 
  • Erang Barong, jsb. 
Wanda kakawén di antarana
  • Sebrakan Sapuratina, 
  • Sebrakan Pelog, 
  • Toya Mijil, 
  • Kayu Agung, jsb.
Lagu dina wanda panambih
  • Budak Ceurik, 
  • Toropongan, 
  • Kulu-kulu Gandrung Gunung, 
  • Rénggong Gedé, 
  • Panyileukan, 
  • Selabintana, 
  • Soropongan, jsb.

Tina awalna nu mangrupa tembang hiburan alat silaturahmi di antara para ménak, mamaos kiwari geus jadi seni hiburan komersil sakumaha kasenian umumna, dipintonkeun dina rupa-rupa acara, sarta asup ka studio rékaman.

Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Tembang_Cianjuran | Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung. | E. Nani Supriatna.2005. Tembang Kanayagan. Sanggar Seni Gentra gendin Wirahma Sari Cianjur, Cianjur.

Advertisement