EDGE

Enhanced Data rates for GSM Evolution (EDGE) atawa Enhanced GPRS (EGPRS), ngarupakeun salasahiji téknologi telepon sélulér digital anu ngamungkinkeun laju pangiriman data anu leuwih gancang kalayan tingkat kapercayaan (réliabilitas) pangiriman data anu leuwih bisa diandelkeun. Sanajan sacara téknis ngarupakeun 3G, EDGE umumna sacara teu resmi digolongkeun salaku standar 2.75G, lantaran laju datana anu leuwih laun. EDGE geus mitembeyen dipaké dina jaringan GSM di sakuliah dunya mimiti taun 2003, awalna di Amérika Kalér.

EDGE bisa dipaké pikeun panerapan (aplikasi) packet switched saperti sambungan Internét. Aplikasi data dina laju nu gancang saperti layanan vidéo jeung multimédia lianna bisa boga kapasitas data anu leuwih gedé ku jasana EGPRS. EDGE Circuit Switched ngarupakeun hiji objék anu bisa dimekarkeun dina waktu ka hareup.

Évolusi EDGE terus lumangsung nepi ka ngahasilkeun standar 3GPP Release 7 anu ngahasilkeun unjuk gawé anu dua kali leuwih alus.

Téknologi
EDGE/EGPRS bisa jalan dina jaringan naon waé anu geus dipasangan GPRS asal operator ngaronjatkeun kamampuh jaringanana saperluna.

Sanajan EDGE henteu merlukeun robahna hardware jeung software dina jaringan inti GSM, base stationna kudu dirobah. Dina base station kudu dipasangan unit transceiver anu luyu (kompatibel) jeung EDGE sarta base station subsystem (BSS) perlu ditingkatkeun kamampuhna supaya bisa narima EDGE. Hardware jeung software terminal ogé kudu nimukeun kodeu jeung ngodeukuen (decode/encode) pola modulasi jeung pangkodeuan (modulation and coding schemes) anyar sarta bisa mawa data kalayan laju anu leuwih gancang.

Téknik transmisi
sajaba maké cara modulasi Gaussian minimum-shift keying (GMSK), EDGE ogé ngagunakeun higher-order PSK/8 phase shift keying (8PSK) pikeun lima nu di luhur tina salapan pola modulasi jeung pangkodeuanana. EDGE ngahasilkeun kecap 3-bit pikeun tiap parobahan dina fase gelombang pamawana. Hal ieu sacara éféktif ningkatkeun laju data tilu kali leuwih gancang manan anu ditawarkeun ku GSM. EDGE, saperti GPRS, maké algoritma adaptasi laju anu ngaluyukeun pola modulasi jeung pangkodeuan (modulation and coding scheme - MCS) nurutkeun kualitas channel radiona, sarta ogé laju bit jeung katahanan transmisi data tina gangguan. EDGE maké téknologi anyar anu teu kapanggih dina GPRS, nyaéta Incremental Redundancy, anu henteu ngirimkeun deui pakét anu kaganggu tapi ngirim leuwih loba informasi anu bakal dicampurkeun dina receiver (alat panarima sinyal). Hal ieu ngaronjatkeun probabilitas decoding (nimukeun deui kode asal) anu bener.

EDGE bisa mawa data kalayan laju nepi ka 236.8 kbit/det pikeun 4 timeslot (sacara téori maksimum 473.6 kbit/det pikeun 8 timeslot) dina mode pakét sahingga baris nyumponan sarat International Telecommunications Union (ITU pikeun jaringan 3G, sarta geus ditarima ku ITU salaku bagian tina kulawarga standar IMT-2000. EDGE nambahkeun mode data sirkuit anu katelah HSCSD, anu bisa ningkatkeun laju data.

Pola modulasi jeung pangkodeuan (Modulation and Coding Scheme - MSC) EGPRS
 Coding and modulation
scheme (MCS)
 Laju
(kbit/det/slot)
 Modulasi 
MCS-1 8.80 GMSK
MCS-2 11.2 GMSK
MCS-3 14.8 GMSK
MCS-4 17.6 GMSK
MCS-5 22.4 8-PSK
MCS-6 29.6 8-PSK
MCS-7 44.8 8-PSK
MCS-8 54.4 8-PSK
MCS-9 59.2 8-PSK
Klasifikasi
EDGE bisa digolongkeun kana 2G atawa 3G gumantung kana panerapanana. Sanajan alat-alat EDGE kelas 3 jeung nu sahandapeunana jelas lain 3G, tapi alat-alat kelas 4 jeung saluhureunana jalan dina rubakpita anu leuwih panjang manan téknologi lianna anu sacara konvénsional dianggap 2G saperti 1xRTT). Lantaran loba macemna, EDGE ilaharna digolongkeun kana téknologi jaringan 2.75G.

Évolusi EDGE
Évolusi EDGE hasil ngahadéan téknologina. Latency bisa dikurangan ku cara nurunkeun selang waktu transmisi nepi ka satengahna (ti 20 mdet jadi 10 mdet). Laju bit bisa ditingkatkeun nepi ka laju puncak 1 MBit/s sarta letency turun jadi 100 mdet ku cara ngagunakeun dua gelombang pamawa, laju simbol nu leuwih gancang sarta modulasi orde nu leuwih luhur (32QAM jeung 16QAM lain 8-PSK), sarta turbo code pikeun ngahadéan error correction. Kualitas sinyal ogé dihadéan ku cara ngagunakeun dua anteneu.
[édit] Jaringan

EDGE dirojong ku para operator GSM di Amérika Kalér. Sabagian operator GSM di patempatan lianna nganggap UMTS salaku puncakna kamajuan sarta milih jalan henteu maké EDGE samasakali atawa maké EDGE ngan di luar wilayah anu kawengku ku UMTS. Sanajan kitu, mahal jeung kendorna pamasangan UMTS geus ngakibatkeun réa nu meuli EDGE di pasar GSM/GPRS.

 Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/EDGE
Read more ...

Daftar Carita Pantun

Daftar Carita Pantun Piwulangpedia
  • Ciung Wanara
  • Lutung Kasarung
  • Mundinglaya di Kusumah
  • Aria Munding Jamparing
  • Banyakcatra
  • Badak Pamalang
  • Badak Sangorah
  • Badak Singa
  • Bima Manggala
  • Bima Wayang
  • Budak Manjor
  • Budug Basu /Sri Sadana / Sulanjana
  • Bujang Pangalasan
  • Sunan Burung Baok
  • Buyut Orenyeng
  • Dalima Wayang
  • Demung Kalagan
  • Deugdeug Pati Jaya Perang / Raden Deugdeug Pati Jaya Perang Prabu Sandap Pakuan
  • Gajah Lumantung
  • Gantangan Wangi
  • Hatur Wangi
  • Jaka Susuru
  • Jalu Mantang
  • Jaya Mangkurat
  • Kembang Panyarikan / Pangeran Ratu Kembang Panyarikan
  • Kidang Panandri
  • Kidang Pananjung
  • Kuda Gandar
  • Kuda Lalean
  • Kuda Malela
  • Kuda Wangi
  • Langga Larang
  • Langga Sari
  • Langon Sari
  • Layung Kumendung
  • Liman Jaya Mantri
  • Lutung Leutik / Ratu Bungsu Karma Jaya
  • Malang Sari
  • Manggung Kusuma
  • Matang Jaya
  • Munding Jalingan
  • Munding Kawangi
  • Munding Kawati
  • Munding Liman
  • Munding Mintra
  • Munding Sari Jaya Mantri
  • Munding Wangi
  • Nyi Sumur Bandung
  • Paksi Keling / Wentang Gading
  • Panambang Sari
  • Panggung Karaton
  • Parenggong Jaya
  • Raden Mangprang di Kusumah
  • Raden Tanjung
  • Raden Tegal
  • Rangga Sawung Galing
  • Rangga Gading
  • Rangga Katimpal
  • Rangga Malela
  • Rangga Sena
  • Ratu Ayu
  • Ratu Pakuan
  • Ringgit Sari
  • Senjaya Guru
  • Siliwangi
Read more ...

Rupa-Rupa Kakawihan

Ambil-ambilan
Ambil ambilan turugtug hayam samantu euweuh nu diambil kabeh ge budak pahatu Pahatu ge bae' purah nutu purah ngéjo purah ngasakan baligo purah calik dina lampit purah tunggu pipir leuit nyerieun sukuna kacugak ku kaliage aya ubarna urat guling sampurnage tigunting nyocolan dage geura dahar sangu bodas beasna meunang ngahidas lauk cai meunang mais angeun taleus pencok hiris

Jaleuleuja
    Jaleuleuja
    Atulak tu ja éman
    gog
    Seureuh leuweung
    bay
    Jambé kolot
    bug
    Ucing katinggang songsong
    ngék 


Dongdang mayang
Pamikul adeg-adeg Bujang lanjang ti kidul sing araced
Truk truk brung
  • Truk truk brung Truk tru brak Buntut lutung panjang rubak Dikenyang-kenyang barudak Barudak salawé widak Nyèd eng – nyed eng Nyed nyed eng Nyed- nyed eng
 Ningningnang-ningnang
  • Ningningnang-ningnang Dot em dot blem Dalem sumping dor bajidor Tutunjuk kembang malati Laole ole obong …………………………………………. (culatok)
Adu riri silih pinyong ( ?) Inyong-inyong mas muria Adu gandék raja belang

Néngnang néng prak
  • Néngnang néng prak Térélék embé janggotan Pa kuwu kariaan Laukna lauk bilatung Kéjona kéjo gandrung Trangtrung bedog buntung Trungtrang bedog rompang Hét hét embé janggotan Kélék monyét héhéotan Badubanglpak dug blem
Pacublek-cublek uang
  • Pacublek-cublek uang Uangnya manggulenténg Butata – butiti Padati wara – wiri Tangsi nona Tangsi tuan Ka teluk bungbung Pok érah Pok érah Si Sidin mau kawin Potong kerbau péndék Potong kerbau tinggi Tingginya jemblang – jemblung Ta eem Ta eem Ta em – ta em – ta em
Sakentrung – sakentrung
  • Sakentrung – sakentrung Paré hawara di huma Ditutuna lisung kai (pondok ?) Trung dung trung dung éng Trung dung trung dung éng
Sakentrung taligung Pécik pécang Tété tulak Tété wondo Dalem surak raja sono Kalisanga domblé Kacang diraraweuy Tembus kénéh Dodol sana Dodol sini Cir kuciplek Doli doéng

Endeuk-eundeukan lagoni
  • + Endeuk-eundeukan lagoni - Meunang peucang sahiji + Leupas deui ku nini - Beunang deui ku aki + Leupas deui ku ninina nini nini - Beunang deui ku akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina nini nini - Beunang deui ku akina akina akina akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina ninina ninina ninina nini nini………… - Beunang deui ku akina akina akina akina akina akina akina akina aki-aki 
Pérépét jéngkol
  • Pérépét jéngkol jajahéan awewe ngompol jejeretean.
Ehon bérod Ehon bérod Ehon bérod Roda sapi buntung Tunggir hayam bikang Kangkung sisi gawir Wira dagang oncom Comél ka nu gélo Lodong kosong ngentrung Trung trung trung kohkol alarm
Santri maan dodol Doléwak nincak waduk Duka waduk saha Haneut kénéh pisan (balik deui kana santri maan dodol ………… Kitu jeung kitu waé bulak balik)

Bubulaoan Si semar maling gunting Guntingna kabulaoan Ta eem te eem Sidakep bari balem

Ojok – ojok
    Ojok – ojok uang aung
    Ngarorojok nu disaung
    Ojok-ojok undar andur
    Ngarojok nu keur tandur
    Ojok-ojok umbet-ambét
    Ngarojok nu ngarambét
    Ojok-ojok uat-aut
    Ngarojok nu dibuat
    Ojok – ojok ata utu
    Ngarorojok nu keur nutu
    Ojok-ojok unggang anggéng
    Ngarojok nu keur nonggéng
    Ojok-ojok ucad aced
    Ngorojok nu aced-acedan


Oray-orayan 1
    Oray-orayan
    Oray naon
    Oray bungka
    Bungka naon
    Bungkalaut
    Laut naon
    Laut dipa
    Dipa naon
    Dipandeuri


Oray-orayan 2
    + Oray-orayan luar léor mapay sawah
    - Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah
    + Mending ka leuwi di leuwi loba nu mandi
    - Saha anu mandi – anu mandina pandeuri



Prang pring
    Prang pring, prang pring
    salumprang salampring
    Sabulu bulu gading
    si gading ka Sunda perang
    pur kuntul engkang-engkang
    munding ngabongkar kandang
    salewek sadugel cindel
    heug, heug caringin runtuh
    heug, heug caringin runtuh
    dorokdok gubrag
    +pung puyuh/
    angèl angèl pèrah jambè/
    torolong hayam kakolong
    suku si jaèni
    nilep sabeulah.............(upami teu lepat mah kitu)


Cang ucang anggé
    Cang ucang anggé
    Mulung muncang ka paranjé
    Digogog ku anjing gedé
    Anjing gedé nu Pa Lebé
    Ari gog gog cungunguuuung


Héhéotan
    Héh héh héhéotan
    Bulu kélék jambréosan
    Nini-nini dagang ketan
    Teu payu dicarékan


Trang-trang koléntrang
    Trang-trang koléntrang
    silondong paéh nundutan
    tikusruk kana durukan
    mesat gobang kabuyutan

    Trang-trang koléntrang
    sianggar nyingkah sing anggah
    jeung gancang muntahkeun bulan
    caang bulan didurukan

    Trang-trang koléntrang
    si nini urang tulungan
    imahna teh kapoékan
    bulan tempur nabrak siang


Bang kalima lima gobang
    Bang kalima lima gobang (bang)
    Bangkong di tengah sawah (wah)
    Wahéy tukang bajigur (gur)
    Guru sakola désa (sa)
    Saban poé ngajar (jar)
    Jarum paranti ngaput (put)
    Putri nu gareulis (lis)
    Lisung kadua halu (lu)
    Luhur kapal udara (ra)
    Ragrag di Jakarta (ta)
    Taun tujuh hiji (ji)
    Haji rék ka Mekkah (kah)
    Kahar tujuh rébu (bu)
    Buah meunang ngala (la)
    Lauk meunang nyobék (bék)
    Béker meunang muter (ter)
    Terus ka Cikampék (pék)
    Pékna dagang kalam (lam)
    Lampu eujeung damar (mar)
    Mari kuéh hoho (ho)
    Hotél panglédangan (ngan)
    Ngantos Kangjeng Dalem (lem)
    Lempa lempi lempong
    Ngadu pipi jeung nu ompong


Ayang-ayang Gung
    Ayang-ayang gung
    Gung goongna ramé
    Ménak Ki Mas Tanu
    Nu jadi wadana
    Naha manéh kitu
    Tukang olo-olo
    Loba anu giruk
    Ruket jeung Kumpeni
    Niat jadi pangkat
    Katon kagoréngan
    Ngantos Kangjeng Dalem
    Lempa lempi lempong
    Ngadu pipi jeung nu ompong
    Jalan ka Batawi ngemplong


Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Kakawihan
Read more ...

Basa Sunda

Basa Sunda kagolongkeun kana famili basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:
  •     Banten,
  •     Bogor,
  •     Parahyangan,
  •     Cirebon, jeung
  •     Brebes
Parahiangan, ngawengku sabagian badag Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti sakola dasar (SD) nepi ka sakola menengah pertama (SLTP), nu ayeuna diajarkeun ogé di SMA sanggeusna kaluar kaputusan ti Gubernur Jawa Barat.

Fonologi
Kiwari, sakumaha di sakabéh wewengkon Indonésia, basa Sunda ditulis dina aksara Latin. Aya tujuh sora vokal: a, e (pepet), é, i, o, u, jeung eu; tanpa diftong. Konsonan kawakilan ku aksara b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y, ny, jeung ng. Konsonan séjén nu datang ti basa deungeun, misalna basa Arab atawa basa Inggris, lolobana dialihbasakeun kana konsonan utama tadi: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, jeung kh -> h.

Tata Basa
Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaéta:
  • Taya parubahan kecap dumasar waktu, anu dina basa Inggris disebut tenses. Pikeun nangtukeun waktu, kalimah cukup diwuwuhan ku sawatara kecap saperti kamari, ayeuna, tadi, jsb.
  • Teu ngabogaan gender dina kecap-kecapna. Kukituna taya parobahan dina kecap-kecapna lantaran ditujukeun ka gender nu béda.
Sistem Tinulis
Dina sajarahna, basa Sunda kungsi ditulis ku rupa-rupa aksara, diantarana:
  • Aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
  • Aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
  • Aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
  • Aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
  • Aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.

Tata Krama
Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék utamana (Parahiangan). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar tatakrama basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.

Gaya Basa
Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:
  •     ngupamakeun (similé)
  •     lalandian (métafora)
  •     mijalma (personifikasi)
  •     rautan (eufimisme)
  •     ngasor (litotés)
  •     rarahulan (hiperbol)
  •     kadalon (pleonasme)
  •     silib-sindir (alégori)
  •     mindoan (repetisi)
Sastra
Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen, diantarana:
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Basa_Sunda
Read more ...

Urang Sunda

Urang Sunda mangrupa salah sahiji séké sélér nu ngeusi utamana bagian kulon pulo Jawa, populasi kadua panglobana di Indonésia. Luyu jeung sajarahna, urang Sunda lolobana sumebar di lemah caina nu kiwari sacara administratif sumebar di propinsi Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Lian ti éta, program transmigrasi ti Tatar Sunda ka sababaraha wewengkon di Kalimantan jeung Sulawesi ogé ngahasilkeun kantong-kantong masarakat Sunda, katambah ku pribadi-pribadi nu sumebar di sakuliah dunya, nu utamana kadorong ku motif ékonomi.

Basa
Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda (aya sababaraha basa wewengkon, nu masing-masing boga ciri) dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, Basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran (Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana kusabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.

Budaya
Numutkeun sajarahna, cenah mah urang Sunda téh boga dasar budaya huma, sahingga condong ka solitér. Titinggal kaadaban kolot kapanggih di wewengkon sisi Situ Bandung Purba, Guha Pawon, sarta sababaraha situs arkéologi mangrupa kabuyutan/pamujaan mégalitik. Di Nusantara/Indonésia, bukti arkéologis nunjukkeun yén kaadaban tulis pangkolotna téh aya di Tatar Sunda. Karajaan-karajaan Sunda nu kacatet dina sajarah atawa katalungtik titinggalna aya sababaraha karajaan, di antarana Salakanagara, Kendan, Tarumanagara, Sunda, Galuh, Sumedanglarang, Cirebon, jeung Banten.

Ageman.
Numutkeun titinggal arkéologis sarta naskah-naskah Sunda kuna nu tos katalungtik, urang Sunda jaman baheula boga ageman monotéis, nu ka dieunakeun kapangaruhan/katambah ku ajaran Hindu, Buda, Islam, jeung Kristen. Ageman pituin urang Sunda (Sunda Wiwitan) bisa kénéh ditempo di Kanékés, Banten, nu ti jaman baheula ngurung manéh tina kamodérenan. Kiwari, kalolobaan urang Sunda ngagem Islam.

Upajiwa
Alam Sunda nu taneuhna subur ngarojong ka urang Sunda kana hirup tatanén, boh anu mangrupi: sawah, huma, pakebonan sayur, jeung leuweung produksi. Ka dieunakeun, ku mekarna industri jeung dagang, pakasaban urang Sunda jadi rupa-rupa sakumaha ilaharna bangsa lian.

Stratifikasi sosial
Urang Sunda mah cenah katelah égalitér, kagambarkeun tina basa nu dipaké ku gegedén karajaan jeung cacah dina carita-carita tradisional nu teu wanoh kana undak-usuk atawa tingkatan basa. Kadieunakeun, utamana ti saprak dijajah Mataram, "kamonésan" Sultan Agung dina nyiptakeun undak-usuk basa ditiron ku para ménak Sunda, nu hasilna mangrupa jungkrang antara ménak jeung cacah. Dina jaman dijajah Walanda, dua tingkat sosial ieu kasambung ku istilah priyayi, golongan pagawé pamaréntahan (birokrat, militér, jeung guru) nu sabenerna mah lolobana kaasup golongan ménak kénéh. Dina awal abad ka-20, strata sosial ieu beuki luntur, komo sanggeus jaman kamerdikaan mah. Najan kitu, nepi ka kiwari, watek féodal téh kadang sok kaciri kénéh aya dina kahirupan urang Sunda.

Seni Sunda
Seni Sunda anu masih populér di masarakat di antarana
Ngaran
urang Sunda mah ilaharna maké ngaran anu basajan, kadang cukup ku sakecap, bari jeung pondok. Ku ayana pangaruh Islam anu kuat, urang Sunda loba nu maké ngaran nu nyokot tina 'asma'ul husna' digabung jeung landihan tradisional. Mun dua kecap, kadang sok maké pola "tolong-menolong" (suku kecap nu diulang), misalna Cécép Gorbacép, Asép Gumasép, Didin Saépudin, jsb. Tapi, kitu sotéh ti golongan cacah, sabab pikeun golongan ménak mah (baheula), biasana mah ngaranna diwangun ku dua kecap, sahingga rada panjang. Misalna baé Umar Wirahadikusumah, Ginanjar Kartasasmita, Huséin Jayadiningrat, Huséin Sastranegara, jsb.

Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Urang_Sunda
Read more ...