Lutung Kasarung
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 01.15
|

Eusi carita
Ngalalakonkeun kateuadilan di nagara Pasir Batang ku sabab putri sulung Purba Rarang hayang maténi adina anu bungsu Purba Sari alatan bapana ngawariskeun karajaan ka Purba Sari. Ku sabab Purba Sari leutik kénéh, nya kalungguhanana disuluran ku lanceukna, Purba Rarang. Di Kahiangan kacaturkeun Guru Minda meunang impian pinanggih jeung putri nu kacida geulisna sarimbag jeung kageulisan indungna, nyaéta Sunan Ambu. Nalika isukna Guru Minda madep ka Ibuna, Guru Minda ngalingling ngadeuleu maling (maling teuteup) ka nu jadi indung, nepi ka Sunan Ambu ngahukum anakna turun ka buana panca tengah (alam dunya) pikeun néangan pupujan atina tapi kalawan ngagunakeun baju sanghyang méga hideung, nyaéta lutung.
Di Buana Pancatengah Guru Minda nu minda rupa jadi Lutung turun di leuweung tuluy panggih jeung Aki Panyumpit nu dipapancénan ku Purba Rarang sangkan néwak Lutung alatan Prabu Tapa Ageung nu bobor tatapa ku cara ngadahar daging lutung. Aki Panyumpit tuluy mawa lutung ka istana, ngan ku sabab kacida héséna dipeuncit, samalah kalah ngaruksak taman, Purba Rarang nitah ka Si Léngsér pikeun ngahaturkeun éta lutung ka Purba Sari.
Basa amprok jeung Purba Sari, Guru Minda sadar yén manéhna geus pinanggih jeung putri nu kungsi ngalangkang dina impianna. Sanggeus ngaliwatan sababaraha ujian jeung sagala cobaan nu datang ti Purba Rarang, antukna Purba Sari Ayu Wangi bisa ngarebut kalungguhan anu sakuduna dipimilik ku manéhna sarta mingpin karajaan dibarengan ku Guru Minda nu geus salin jinis jadi jajaka nu kacida kasépna.
Sajarah Panalungtikan
Sanajan geus dipikawanoh ku kalolobaan urang Sunda, nu mimiti ngémbarkeun eusina dina wangun tulisan mah C.M. Pleyte. Pleyte ngadadasaran édisina kana catetan Argasasmita, mantri kudang kopi Kawunglarang. Sajaba ti éta, F.S. Éringa ngajadikeun Lutung Kasarung jadi bahan panalungtikan disertasina di Universitas Léiden. Dina panalungtikanana, Éringa ngabahas struktur puisi dalapan engang (ostosilabik) nu nyampak dina téks anu digarapna. Ajip Rosidi nganalisis eusi carita Lutung Kasarung dina ulikanana ngeunaan sajarah sastra Sunda. Jakob Sumardjo ogé nganalisis sacara hermeuneutik eusining carita Pantun, kaasup lalakon Lutung Kasarung dina taun 2003.
Adaptasi carita
Sandiwara
Saéstuna, adaptasi carita Lutung Kasarung nu munggaran teu leupas ti pokalna Wiranatakusumah V atawa Dalem Haji. Tarékahna dimimtian ku magelarkeun sandiwara Lutung Kasarung dina acara Kongrés Jawa (Java Congres) di Bandung taun 1921. Pagelaranna mangsa harita kawilang rongkah pisan, nepika Mangkunegoro ti Solo nganggap yén éta pagelaran téh hiji pintonan anu matak helok.[6] Ieu karya téh mangrupa kolaborasi antara Bupati Bandung, Kartabrata, D.K. Ardiwinata, jeung Yudadibrata.
Film
Tina kasuksésan sandiwara Lutung Kasarung dina Kongrés Jawa taun 1921, dina taun 1926, pausahaan N.V. Java Film Company nu diadegkeun ku L. Heuveldrop ti Batavia jeung G. Krugers ti Bandung narékahan ieu carita sangkan dijadikeun Film. Film Loetoeng Kasaroeng kacatet dina sajarah minangka film carita munggaran di Indonésia. Pintonan munggaran Film Loetoeng Kasaroeng diayakeun Juma’ah peuting, maleman pabaru, 31 Désémber 1926. Ieu hal ogé teu leupas ti pokalna Bupati Bandung R.A.A. Wiranatakusumah V anu méré sumbangan matéri nu kacida gedéna
Gending Karesmén
Taun 1950-an, R.T.A. Sunarya ngangkat ieu carita dina pagelaran Gending Karesmén. Pagelaran Gending Karesmén Lutung Kasarung nu disutradaraan ku R.T.A. Sunarya nu pangsuksésna nyaéta taun 1952, nalika Upit Sarimanah jeung Barli Sasmitawinata midang dina éta pagelaran
Prosa jeung Puisi (Dangding)
Dina wangun prosa ditulis ku Ahmad Bakri dina taun 1975. Dina wangun dangding ditulis ku Sayudi taun 1985 nu saméméhna geus diproduksi dina wangun rékaman tembang (1982
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Lutung_Kasarung
Carita Ciung wanara
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 00.50
|
Ciung Wanara nya éta tokoh sunda anu kawéntar di tatar sunda ngaliwatan carita pantun anu nyaritakeun ciung wanara néang indung bapana.
Prabu Barma Wijaya Kusuma maréntah karajaan Galuh anu pohara lega. Permaisurina 2 jelema, anu kahiji ngaranna Pohaci Naganingrum sarta anu kadua ngaranna Dewi Pangrenyep,duanana keur ngandung. Dina bulan ka salapan bulan Dewi Pangrenyep ngababarkeun saurang putra.
Raja pohara bungah kacida sarta sang putra dibéré ngaran Hariang Banga. Hariang Banga geus umurna 3 bulan, tapi permaisuri Pohaci Naganingrum tacan ogé ngababarkeun. Salempang lamun-lamun Pohaci ngababarkeun saurang putra anu engké bisa ngarebut kaasih nyaah raja ka Hariang Banga, Dewi Pangrenyep boga maksud rék nyilakakeun putra Pohaci. Sanggeus bulan ke-13 Pohaci ogé ngababarkeun, gedé usaha Dewi Pangrenyep teu saurang dayang ogé diidinan nulungan Pohaci, iwal ti Pangrenyep sorangan.
Ku pangabisa Pangrenyep, putra Pohaci digantian kalayan sabuntut anjing, disebutkeunana yén Pohaci geus ngababarkeun sabuntut anjing tuluy orok Pohaci diasupkeun dina kandaga emas dibiruyungan endog kotok sarta dipalidkeun ka walungan Citandui.
Alatan aib anu dibawa Pohaci Naganingrum anu geus ngababarkeun sabuntut anjing, raja pohara murka sarta ngajurung Si Lengser (pagawé karaton) pikeun maéhan Pohaci tapi Si Lengser henteu nepi ka hatéan ngalaksanakeun paréntah raja ka Pohaci, permaisuri junjunganna. Tuluy waé Pohaci dianteurkeun ka désa tempat kalahiranana, tapi dilaporkeunana geus dibunuh. Nya éta saurang Aki babarengan pamajikanana, Nini Balangantrang, cicing di désa Geger Sunten , Geus lila maranéhanana nikah, tapi tacan boga budak . Hiji peuting Niningimpi kalagragan bulan purnama, ngimpi éta diceritakeun ka salaki sarta salakina nyaho harti ngimpi éta, yén maranéhanana baris meunang rezeki.
Peuting éta ogé Aki indit ka walungan mawa jala pikeun néwak lauk. Kacida reuwasna sarta atoh manéhna meunangkeun kandaga emas anu eusina orok reujeung endog kotok. Tuluy waé éta orok diasuh kalayan sabar sarta pinuh kaasih. Endog kotok éta ogé tulul jadi hayam anu dipiara nepi ka jadi sabuntut kotok jalu anu ajaib sarta perkasa.
Anak angkat éta maranéhanana béré ngaran Ciung Wanara. Sanggeus badag Ciung Wanara nanya ka indung sarta bapa angkatna, tuluy Aki sarta Nini nyaritakeun ngeunaan asal-usul Ciung Wanara. Sabada ngadéngé carita nini jeung aki, Ciung Wanaranyaho jati dirina. Singket carita hiji poé Ciung Wanara pamit pikeun ngadu hayamna jeung hayam kotok raja, alatan raja miboga kalangenan ngadu hayam. Ciung wanara nawaran ka raja lamun manéhna éléh, manéhna daék paéh pikeun raja tapi lamun raja anu éléh raja kudu ngangkat manéhna jadi budakna. Saméméh hayam ciung wanara diadu jeung hayam raja , hayam kotok Ciung Wanara nyora kalayan ahéngna, ngagambarkeun kajadian baheula ngeunaan permaisuri anu dihukum paéh sarta kandaga emas anu eusina orok anu dipalidkeun. Raja henteu nyadar hal éta, tapi sabalikna Si Lengser pohara kana hal éta.
Komo manéhna nyadar ayeuna Ciung Wanara anu aya di hareupeunana nyaéta putra raja sorangan. Sabada bérés ngadu hayam, kotok raja éléh sarta kotok Ciung Wanara meunang. Tuluy raja ngajadikeun Ciung Wanara jadi putra makuta. Dina pesta pengangkatan putra makuta, raja ngabagi 2 karajaan pikeun Ciung Wanara sarta Hariang Banga. Réngsé pesta pengangkatan putra makuta Si Lengser nyaritakeun ka raja ngeunaan hal anu saéstuna ngeunaan permaisuri Pohaci Naganingrum sarta Ciung Wanara. Ngadéngé carita éta raja maréntahkeun ponggawa ambéh Dewi Pehgrenyep ditéwak.
Balukarna timbul goréng antara Hariang Banga jeung Ciung Wanara. Hariang Banga dialungkeun ka peuntas walungan Cipamali anu keur caah badag. Saprak éta pisan karajaan Galuh dibagi jadi 2 bagian jeung wates walungan Cipamali. Di bagian kulon diparéntah ku Hariang Banga.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Ciung_Wanara

Daftar Carita Pantun
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 23.21
|
Daftar Carita Pantun Piwulangpedia
- Ciung Wanara
- Lutung Kasarung
- Mundinglaya di Kusumah
- Aria Munding Jamparing
- Banyakcatra
- Badak Pamalang
- Badak Sangorah
- Badak Singa
- Bima Manggala
- Bima Wayang
- Budak Manjor
- Budug Basu /Sri Sadana / Sulanjana
- Bujang Pangalasan
- Sunan Burung Baok
- Buyut Orenyeng
- Dalima Wayang
- Demung Kalagan
- Deugdeug Pati Jaya Perang / Raden Deugdeug Pati Jaya Perang Prabu Sandap Pakuan
- Gajah Lumantung
- Gantangan Wangi
- Hatur Wangi
- Jaka Susuru
- Jalu Mantang
- Jaya Mangkurat
- Kembang Panyarikan / Pangeran Ratu Kembang Panyarikan
- Kidang Panandri
- Kidang Pananjung
- Kuda Gandar
- Kuda Lalean
- Kuda Malela
- Kuda Wangi
- Langga Larang
- Langga Sari
- Langon Sari
- Layung Kumendung
- Liman Jaya Mantri
- Lutung Leutik / Ratu Bungsu Karma Jaya
- Malang Sari
- Manggung Kusuma
- Matang Jaya
- Munding Jalingan
- Munding Kawangi
- Munding Kawati
- Munding Liman
- Munding Mintra
- Munding Sari Jaya Mantri
- Munding Wangi
- Nyi Sumur Bandung
- Paksi Keling / Wentang Gading
- Panambang Sari
- Panggung Karaton
- Parenggong Jaya
- Raden Mangprang di Kusumah
- Raden Tanjung
- Raden Tegal
- Rangga Sawung Galing
- Rangga Gading
- Rangga Katimpal
- Rangga Malela
- Rangga Sena
- Ratu Ayu
- Ratu Pakuan
- Ringgit Sari
- Senjaya Guru
- Siliwangi
Pantun
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 22.43
|
Pantun atawa carita pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi.
Sajarah :
Pantun mangrupakeun hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa. Pantun anu ogé kawilang kuna nyaéta Pantun Bogor nu dicaritakeun ku Ki Buyut Rambéng.
Kamekaran seni pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita
Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".
Pamirig
Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung atawa kacapi tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina tembang Cianjuran), nepi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras pélog, tapi loba ogé nu maké laras saléndro.
Pintonan
Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk:
Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.
Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu:
Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna.
Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Pantun

- Lutung Kasarung,
- Ciung Wanara,
- Mundinglaya Di Kusumah,
- Déugdeug Pati Jaya Perang,
- Ratu Bungsu Kamajaya,
- Sumur Bandung,
- Demung Kalagan, jsb.
Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".
Pamirig
Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung atawa kacapi tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina tembang Cianjuran), nepi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras pélog, tapi loba ogé nu maké laras saléndro.
Pintonan
Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk:
- Pikeun hiburan jeung
- Pikeun ritual.
Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.
Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu:
- nyadiakeun sasajén,
- ngukus menyan,
- "rajah pamunah",
- carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta
- ditutup ku "rajah pamungkas".
Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna.
Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Pantun
Recent Comments