Penca Silat

Penca Silat
Penca Silat atawa silat nya éta seni béla diri anu asalna ti Asia Tenggara. Seni Béla Diri ieu geus kawéntar di Indonesia, Malaysia, Brunei Darussalam, Singapura, Filipina Kidul jeung Thailand Kidul saluyu jeung nyebarna séké sélér Malayu Nusantara

Sejarah Penca Silat
Penca silat geus dipikawanoh ku sabagéan masarakat Malayu kalawan sababaraha ngaran. Di semenanjung Malaysia jeung Singapura, penca silat leuwih dipikawanoh ku ngaran gayong jeung cekak. Di Thailand, penca silat dipikawanoh ku ngaran bersilat, jeung di Filipina kidul dipikawanoh ku ngaran pasilat. Ti ngaranna, geus bisa dipikanyaho yén penca silat asalna ti Indonesia nepi ka ditetepkeun yén olahraga ieu diciptakeun nu munggaran di Indonesia

Zaman Kuno
Karuhun bangsa Indonesia geus boga cara ngabéla dirina nu boga fungsi pikeun mertahankeun kahirupanna atawa kelompokna ti musibat atawa tantangan alam. Maranéhna nyiptakeun béla diri pikeun nirukeun gerakan sasatoan nu aya di lingkunganna, saperti gerakan monyét, maung, oray atawa manuk dadali.

 Zaman Karajaan-Karajaan di Indonesia
Karajaan-karajaan badag, saperti Majapahit jeung Sriwijaya miboga pendékar nu ngawasaan élmu béla diri jeung bisa ngahijikeun prajurit nu kamaheranna dina ngabéla dirina bisa diandelkeun. Dina sajarah perjoangan ngalawan panjajah Walanda, kacatet pendékar anu ngangkat sanjata,, saperti Panembahan Senopati, Sultan Agung, Pangeran Diponegoro, Tjik Ditiro, Teuku Umar, Imam Bonjol, sarta pendékar awéwé, saperti Sabai Nan Aluih, Tjut Nyak Din, jeung Tjut Mutiah.

Sajarah Ikatan Penca Silat Indonesia (IPSI)
Nyadar kana pentingna ngamekarkeun peran penca silat keur ngeusi sumanget kamerdikaan, ku kituna dirasa perlu ayana organisasi penca silat nu sipatna nasional, nu bisa oge ngabeungkeut aliran penca silat nu aya di Indonesia. Dina kaping 18 Mei 1948, kabentuk Ikatan Penca Silat Seluruh Indonesia kalawan susunan pangurus puseur :
  • Ketua Umum : Mr. Wongsonegoro
  • Wakil Ketua : Suria Atmadja
  • Penulis Umum : Marijun Sudirohadiprodjo
  • Bendahara : Suratno Sastroamidjojo
Dina 11 Maret 1980, Persatuan Penca Silat Antar bangsa (Persilat) ngadegkeun kalawan prakarsa Eddie M. Nalapraya (Indonesia), nu kiwari ngajabat jadi pupuhu IPSI. Acara éta dirojong ku wawakil ti Malaysia, Singapura, jeung Brunei Darussalam. Kaopat nagara éta kaasup nagara Indonesia, ditetepkeun salaku naratas Persilat.

Penca Silat nya éta hiji metode bela diri anu dijieun ku urang Indonesia keur mertahankeun dirina sorangan ti sagala rupa musibat. Musibat anu ngancem ka kaselamatan jeung kalumangsungan hirupna. Salaku hiji élmu/metode béla diri anu lahir jeung mekar di kahirupan sosial masarakat bangsa Indonesia, Penca Silat kacida dipangaruhan pisan ku palsapah, budaya, jeung kapribadian bangsa Indonesia.

Silat disawang mekar di kapuloan sakabéh Nusantara ti abad ka-7 maséhi, namung asal muasalna mah can bisa di tangtukeun. Mimiti aya élmu béla diri ieu mungkin mekar ti kaparigelan séké sélér asli Indonesia dina moro jeung perang ngagunakeun bedog, tameng jeung tumbak. Penca Silat di Jawa Kulon biasana dilengkepan ku Goong Bendé jeung alat tiup Tarompet, biasana ditepikeun kalayan musik anu disebut Kendang Penca. Fungsi ti musik Kendang Penca ieu nya éta pikeun nyarengan pintonan gerak-gerak jurus silat jeung kaparigelanna anu geus ditata dina hiji wangun ibingan silat. Pagelaran Penca Silat dimimitian ku acara ngawanohkeun sorangan ka sakabéh patandang silat anu dibéré nomor tandang saluyu jeung ngaran sarta aliran silatna.

Patandang silat asup ka arena tandang. Ditengah-tengah aréna, patandang méré hormat ka nu nongton di antarana kalayan cara rengkuh bari panangan katuhu nu ngeupeul jeung dampal leungeun kénca di hareupeun dada. Di dieu nunjukkeun yén dina pintonan Penca Silat anu dilakukeun sorangan, teu boga maksud ngajak gelut. Namung fungsina salaku seni pintonan. Saréngséna hormat jeung biasana, patandang ngawilujengkeun ka nayaga keur nabeuh. Biasana di Jawa Kulon sorangan, musik nu dipaké macem-macem. Salah sahijina nya éta lagu Buah Kawung.

Dasarna pakéan anu dipake masih tetep boga pola tradisi, nya éta iket, baju kampret hideung polos, calana pangsi, beubeur, sarung, jeung bedog. Iket keur awéwé mah cukup ku hiji lambar kaén, utamana ngabeungkeut buuk ulah nepi ka ngaganggu gerakan jurus. Istilah-istilah gerak silat anu dicokot tina kahirupan sapopoe nya éta:
  • Adeg-adeg, 
  • Ajeg, 
  • Bendul, 
  • Besot, 
  • Centok, 
  • Dengkul, 
  • Depok, 
  • Gedig, 
  • Giles, 
  • Guar Jalak Pengkor, 
  • Jambret, 
  • Kelid, 
  • Koset, 
  • Kuda-kuda, 
  • Lengkah, 
  • Limbung, 
  • Malik, 
  • Mande, 
  • Mincid, 
  • Najong, 
  • Pasang, 
  • Pegung/Bendung, 
  • Pepeg, 
  • Peupeuh, 
  • Rengkuh, 
  • Rogoh, 
  • Selup, 
  • Siku, 
  • Tangkis, jeung 
  • Tarik.
Dina kamekaranna, musik nu nyarengan Penca Silat ogé kiwari leuwih dipikaresep ku masarakat. Lagu-lagu kendang penca loba nu geus dijadikeun dina wangun kasét. Diantarana Grup Muchtar Darma Saputra geus loba ngarekam lagu-lagu kendang penca kalayan sora tarompetna nu khas.


Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Penca_silat

Advertisement