Pantun

Pantun atawa carita pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi.

Sajarah :
Pantun mangrupakeun hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa. Pantun anu ogé kawilang kuna nyaéta Pantun Bogor nu dicaritakeun ku Ki Buyut Rambéng.

Kamekaran seni pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita
  • Lutung Kasarung, 
  • Ciung Wanara, 
  • Mundinglaya Di Kusumah, 
  • Déugdeug Pati Jaya Perang, 
  • Ratu Bungsu Kamajaya, 
  • Sumur Bandung, 
  • Demung Kalagan, jsb. 
Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.

Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".

Pamirig
Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung atawa kacapi tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina tembang Cianjuran), nepi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras pélog, tapi loba ogé nu maké laras saléndro.

Pintonan
Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk:
  1. Pikeun hiburan jeung 
  2. Pikeun ritual. 
Dina pidangan hiburan, nu sok dicaritakeun téh gumantung kana carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu nanggap. Sedengkeun pikeun ritual, saperti ruwatan, caritana sarua jeung dina pintonan wayang, kayaning Batara kala, Kama Salah, atawa Murwa Kala.

Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.

Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu:
  1.  nyadiakeun sasajén, 
  2. ngukus menyan, 
  3. "rajah pamunah",
  4. carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta 
  5. ditutup ku "rajah pamungkas".
Salaku kasenian nu hirup ti jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak ahéng mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun téh mangrupa campuran éta dua jaman. Najan aya istigpar (Islam), istilah-istilah sarupaning "Déwata", "Pohaci", "para karuhun", "buyut", jsb.

Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna.

Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.

Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Pantun

Advertisement