Tari Merak
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 01.44
|
Tari Merak mangrupa salasahiji ragem tarian kreasi anyar anu ngaekspresikeun kahirupan sasatoan, nya éta manuk merak. Tata cara jeung gerakanna ti kahirupan merak anu diangkat ka pentas ku Radén Tjétjé Somantri.
Deskripsi
Merak nya éta manuk sagedé hayam, buluna alus pisan saperti parada jeung dina huluna aya kukuncungan.
Kahirupan jalu merak nu sok mekarkeun bulu buntutna méh ngirut merak bikang ngainspirasikeun Radén Tjétjé Somantri pikeun nyieun tari Merak ieu.
Dina pintonan, ciri yén éta téh tari Merak nya éta katingal ti pakéan anu dipaké ku pangibingna nya éta pakéan anu motifna saperti merak. Kaén jeung bajuna ngagambarkeun wangun jeung warna bulu-bulu merak; héjo biru jeung/atawa hideung. Ditambah deui ku sapasang jangjangna anu ngalukiskeun jangjang atawa buntut merak anu keur dimekarkeun. Gambaran merak bakal leuwih jelas kalawan maké makuta (badong) anu dipasang di sirah unggal pangibing. Wangunna saperti merak nu keur nungguan endog kalawan dipayunna ngalintang beuheung jeung hulu merak ti bahan logam alumunium anu disepuh ku warna emas.
Tarian ieu biasana ditarikeun rampak, tilu pangibing atawa leuwih nu masing-masing boga fungsi salaku merak bikang jeung jalu. Pirigan gendingna nya éta lagu Macan Ucul. Dina adegan gerakan nu tangtu sakapeung waditra bonang ditakol kalawan bagéan kayuna nu heuras nepi ka tarik kadéngéna nya éta dina adegan sapasang merak keur sosonoan.
Diantara tarian ciptaan Radén Tjétjé Somantri mungkin tari merak ieu nu pangkasohorna di Indonesia jeung di luar nagri. Teu heran lamun seniman Bali ogé, mahasiswa ASKI Denpasar, nyiptakeun tari Manuk Rawa anu mirip jeung tari Merak
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Tari_Merak

Tari Rakyat
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 01.41
|
Tari Rakyat nya éta tarian anu tumuwuh jeung mekar di kalangan rahayat, ragem tarian rakyat mekar nurutkeun letak geografis, saperti daérah pagunungan, jeung daérah basisir, hal ieu nu ngabédakeun wangun jeung dinamika tarian.
Deskripsi
Tari rakyat nya éta tarian anu diciptakeun ku hiji masarakat di hiji tempat nu béda-beda. Dina prakna, unggal tarian ogé ngabogaan ciri khas gerakan sarta ngaranna sorangan. Teu bisa ditangtukeun taun sabarah munculna aliran tari rakyat ieu sorangan. Pasualanna nya éta daya sebar di masarakatna ragem-ragem waktuna. Karakter tari rakyat dina umumna nya éta gerak-gerak spontanitas, ti kaparigelanna sewang-sewangan. Tari rakyat biasana dingaranan kumaha laguna. Jadi ngaran tarianna biasana saluyu jeung judul waditra atawa lagu ketuk tilu. Contona nya éta:
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Tari_Rakyat

- Polostomo,
- Cikeruhan,
- Gaplék,
- Érang,
- Géboy,
- Bardin, jrrd
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Tari_Rakyat
Tari Wayang
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 01.33
|
Tari Wayang nya éta salasahiji kelompok atawa genre tari Sunda anu kasang tukangna ti carita wayang.
Deskripsi
Tari wayang nya éta tari nu nyokot gerak dasar jeung gerak intina ti panokohan wayang. Dina tari wayang biasana ngagambarkeun panokohan jeung jabatan dina carita wayang. Aya sababaraha ciri utama dina tari wayang nya éa:
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Tari_Wayang

- Tari wayang nu ngagambarkeun panokohanna saperti tari Adipati Karna, tari Jayengrana, tari Gatotkaca, jeung tari Srikandi x Mustakaweni, sarta tarianna nu ngagambarkeun jabatan saperti tari Badaya.
- Kabeungharan Tarian Wayang ngabogaan ciri tingkatan karakter atawa watek anu tangtu saperti
- Tari Badaya, watekna putri ladak atawa lincah,
- Tari Srikandi x Mustakaweni, dua tokohna boga watek putri ladak atawa lincah,
- Tari Adipati Karna, watekna lincah, atawa disebut ogé satria ladak,
- Tari Jayengrana, watekna lincah, atawa disebut ogé satria ladak,
- Tari Gatotkaca, watekna monggawa lungguh.
- Kabeungharan tarian wayang ngabogaan ciri wangun pintonan nu tangtu saperti:
- Tari Badaya, kaasup wangun tari rampak, masal atawa kelompok,
- Tari Srikandi x Mustakaweni, kaasup wangun tari papasangan atawa duet,
- Tari Gatotkaca, Adipati Karna, jeung Jayengrana, kaasup wangun tari tunggal.
- Dina umumna pintonan tari Wayang dipirig ku gamelan salendro, jeung aya ogé kautuhan karawitan tarina anu dilengkepan ku narasi dialog
- Unggal tarian wayang ngabogaan ciri kostum atawa busana sorangan.
- Pangibing anu mawakeun atawa narikeun tarian wayang aya kabiasaan anu tungturunan. Saperti pangibing awéwé, salian narikeun tarian wayang jenis putri ogé biasana narikeun tarian wayang jenis putra. Saperti, Adipati Karna, Jayengrana, jeung tari Gatotkaca. Sedengkeun pangibing lalaki teu biasa narikeun tarian wayang jenis putri.
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Tari_Wayang
Topéng Priangan
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 01.26
|
Tari Topéng Priangan nya éta tari anu sumebar di wewengkon Jawa Barat mangsa kiwari. Sajarah
Sacara kronologis ayana Topéng priangan dimimitian ti tari Topéng anu mekar di Jawa Barat di mimiti taun 1900 nya éta Topéng Bebarang, anu dimaksudkeun pikeun pintonan keliling atawa pintonanna di tangtukeun ku nu nanggap nepi ka teu aya katetepan dina hal materi pintonanna.
Kamekaran salajengna nya éta mimiti taun 1900 di wewengkon Jawa Barat, Sumedang, Garut, Tasikmalaya jeung Bandung sering didatangan ku rombongan Topéng Cirebon. Dalangna aya dua nya éta Koncer jeung Wentar.
Di taun 1925, sababaraha pangibing ti Pasundan diajar tari Topéng Cirebon nu ragemna saperti tari Menak Jingga, Jingga Anom, Damar Wulan, Pamindo jeung Menak Koncar, namung dina kamekaranna pintonan tari Topéng Cirebon teu ramé dipadungdengkeun sarta teu gampang sumebar teu saperti tari Keurseus, hal ieu disawang kusabab wangun jeung gerakna hésé keur diturutan kitu ogé pirigan gamelanna husus tepakan kendangna teu sakabéh pangrawit Bandung bisa nepak khas Cirebon.
Salajengna tari Topéng anu sumebar di Jawa Barat sanggeus tari Keurseus nya éta tari Topéng anu geus ditata deui mimiti ti unsur gerak tari, pirigan tari, panjang pondokna materi, nepi ka pakéan tarina anu dipikawanoh ku tari Topéng Priangan. Conto ti tari Topéng priangan nya éta: Tari Topéng Kencana Wungu.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Topéng_Priangan

Bangréng
by Nirwana Sitoeking
|
posted: 01.15
|
Sajarah
Mimiti mecenghulna seni terbang ieu nyaéta dina waktu sumebarna Ageman Islam anu dipigawé ku Wangsa Kusumah di mana seni terbang dijadikeun média pikeun da'wah. Sedengkeun "Ronggeng" nyaéta sebutan pikeun nu ngibing sarta sakaligus nu nyanyi atawa disebut ogé "Nyi Ronggéng". Alatan sebutanana "Nyi", mangka ronggéng saurang awéwé.
Nurutkeun panuturan para ahli seni (seniman), seni bangréng ieu asalna ti Kabupatén Sumedang sarta mindeng dipintonkeun dina acara-acara hiburan sarta acara husus kawas ngaruwat imah, ngadegkeun wangunan anyar sarta sukuran-sukuran séjénna.
Sumber rujukan
Piwulangpedia | su.wikipedia.org/wiki/Bangréng
Recent Comments